Minggu, 14 April 2013

NGUSEUP DIBORONJONG


Diserat ku Cep Alex Ramadarris


Isuk-isuk poe minggu katingali meni cangra, panon poe nyirorot ti wetan ngahaneutan kenteng nu baseuh kahujanan tadi peuting. Manuk gareja anu nyarayang dihateup imah oge kabeh kalaluar ngadon maroyan bari racet disarada bangun anu barungah.
Kulutrak panto imah dibuka, torojol Pa Imin kaluar bari mawa sapu pikeun nyapukeun teras anu bala ku jangjang siraru sesa peuting ngaronyom lampu.
“ Nyantey pa guru..?” mang abdul nanya bari ngaliwat.
“ Eh..muhun mang, mingguan yeuh. Rek nguseup dimana ieu teh eta jeujeur meni leucir kitu?” jawabna.
“ Diboronjong pa guru, nuju seueur lele. Kamari oge bapa Kuwu nepi kenging tilu siki jaba baradag deuih, sok seueuran anu nguseupna oge,ngajajar na boronjong. Bade gabung ?..” ceuk mang abdul bari tuluy ngaleos indit.
Teu kapikiran saeutik oge ngadon ngahajakeun cingogo di cigede ngadon nguseup bari eujeung bieung teuing meunang, puguh dina balong. Ngan saukur miceunan waktu teu pararuguh, mending diimah boh beberes boh naon.

Panon poe beuki luhur panasna beuki karasa, Pa Imin ngadaweung diuk dina teras bari ngilengan manuk cocooana anu keur dipoekeun.
“ Nyantey keneh pa guru..?”
Sihoreng mang abdul ngaliwat balik nguseup bari ngajingjing lele gede pisan.
“ Haruh, eta lele meni gede kitu. Meunang nguseup ta meunang meuli nya mang dul, aya sakilo satengah beuratna..?  tanyana bari ningalian lele nu dibawa ku mang abdul.
“ Ka pasar mesermah atuh pa guru, nya ti cigede kenging nguseup atuh. Lumayan kanggo dalahar budak tiluan mah moal seep, diical oge aya hargaan!” jawab mang abdul.

Sainditna mang abdul kapikiran ku manehna pikeun ngajaran nguseup ka cigede susuganan meunang lele anu gede. Kabeneran budak nu bungsu sok senengeun dahar jeung lauk lele.
Saba’da solat lohor manehna tuluy nyokot jeujeur kumplit jeung kempisna. Setelan pakeana oge disaruakeun jeung tukang nguseup anu dina acara Mancing Mania Mantap.


“ Nguseup dimana Pah, meni kumplit kitu kalah jiga mancing mania..?” tanya bu emi
“ Ngajaran nguseup ka cigede Mah, bieu mang abdul balik nguseup ngajingjing lele ageing pisan. Sugan wae papah oge kenging nu leuwih ageung !” jawabna bari mageuhan tali useup.
Sadatangna ka boronjong di cigede teu kasampak jalma saurang urang acan anu nguseup. Gek manehna diuk dina umbagan boronjong, tali kempis dibeungkeutkeun kana kawat boronjong. Kusiwel ngaluarkeun cacing kalung pikeun eupan  tuluy dikaitkeun kana useup, belewer dialungkeun katengah leuwi. Panon manteng kana kukumbul susuganan teuleum katarik ku  lauk anu ngait. Sakapeung panona ningali kana budah cai anu ngaburial tina akibat cai muih dijero, sakapeung ningali kasakuriling.
Dua alungan tilu alungan opat alungan hiji oge euweuh teuing lauk anu nyantrok kana eupan cacingna. Jeujeur diangkat cacingna euweuh, meureun beak ku keuyeup mangkaning cacingna kari hiji deui. Tuluy cacing sesa dicokot rek dikaitkeun kana useup. Karek oge dicekel cacing ragrag kana cai duka kamana da teuleum hese dicokotna.
“ Heuuh..keur mah euweuh deui, ragrag pisan..mending balik !” gerentesna handeueul.

Kakara oge rek muka tali kempis, ujug aya bancet leutik ajleng tina batu nubruk kana awakna.
“ Monyong teh siah ngareureuwas ka aing..!!” gep eta bancet ditekem tuluy rek dialungkeun katengah leuwi, tapi teu jadi dialungkeun.
“ Dipake uepan siah ku aing..sugan mawa rejeki lah..!” pikirna bari muka deui jeujeur tuluy ngaitkeun bancet kana useup. Belewer dialungkeun ka tengah leuwi.
Aya sapuluh menitmah kukumbul teh teu teuleum teuleum ku lauk. Ditarik deui eupan bancet aya keneh, lung deui dialungkeun katengah leuwi. Jeujeur ditincak ku keuneung pajarna bisi katarik ku lauk ka tengah leuwi. Kusiwel ngaluarkeun roko cekres disundut, pelenyun udud. Panon manco kana kukumbul, lep kukumbul teuleum seot kenurna manteng.
“ Halah, lauk gede..!” bari nyentok tarik pisan, det karasa teuas jeung beurat jigana lauk gede pisan.
Jeujeur melengkung kenur panteng. Seot kaditu seot kadieu, sakapeung kahandap meureun lauk rek asup kana liang. Jeujeur ditarik ngalawan tanaga lauk anu tohaga, leungeun geus karasa cangkeul nanahan jeujeur anu ditarik ku lauk. Lila lila kolembar katingali lauk mucunghul na beungeut cai.
“ Wuah..lele gede ieu mah..!”
Lauk lele katarik kasisi cai tuluy dicekel, gudiblag lauk malik ngalawan hayang leupas. Cai muncrat kana beungeut. Ditarik deui, gep kacekel tuluy diangkat. Lele gede pisan beuteungna meni bulistir loba endogan aya dua kilona meureun beuratna. Tuluy diasupkeun kana kempis, lele kekecepekan hayangeun leupas.

Kusabab eupana euweuh deui, Pa Imin ngahuleng bari nitenan lele dina kempis anu ancul anculan hayang leupas. Pikirna …” kacipta lamun lauk lele diasakan, endogna dipais meureun cukup jang dahar barudak. Lamun dijual meureun payu salawe rebu mah, mahi dua bungkuseun udud…”. Tapi dipikiran deui..” ieu lamun jalma ngajajar nguseup didieu tuluy kabeh meunang lele gede arendogan kieu, meureun beak atuh lele di cigede teh. Lamun beak, keuyeup nu jadi kadaharanana meureun beuki loba ngaranjah kana balong,kana sawah, lupaskeun wae kitu….asa nyaah ku cangkeul jeung panasna ngajentul nguseup salila lila. Tapi ari diala, endogna moal jadi burayak pikeun ganti indungna…ah lieur ari mikiran kadinya mah”. Teg deui inget ari keur ngajar ka barudak disakola ngeunaan ngajaga kalestarian alam..” piraku ka budak nitah ngalestarikeun alam, ari guruna ngadon ngarusak alam ku ngala lele anu rek anakan…”
………………………………..

“Euleuh eta lele ageung pisan pa guru, geuning tiasaan nguseupna..!”
Korejat Pa Imin kageteun. Sihoreng mang Ucup datang teu kanyahoan titukang.
“ Eh..muhun mang, kaleresan yeuh kenging rejeki ageung. Tapi da bade dileupaskeun deui lah ku abdina oge, karunya”.
“ Na kunaon kitu, lebar atuh pa guru. Abdi oge moal nampik pami dipasihkeun mah, cekap kanggo dahar barudak nu lima mah!”
Pa Imin teu langsung ngajawab omongan mang Ucup kitu. Dina pikirna…” lamun ieu lauk dibikeun ka mang Ucup anu pakir tamtu katarimaeun pisan, anakna nu reuay barungaheun dahar jeung lauk gede, kuring boga pahala ku mere kanu butuh. Tapi lamun kitu, cigede euweuh laukan meureun da indung lauk anu rek anakana diala….ah leupaskeun wae, rejeki  mang Ucup mah Alloh nu ngatur”.
“ Bade dileupaskeun wae mang, keun sina anakan ka loba sangkan cigede na hurip ku kahirupan dijerona..” jawab Pa Imin bari tuluy newak lele dina kempis. Lauk lele teh dicekel samemeh dileupaskeun, bari dicaritaan ku Pa Imin.
“ Jung maneh ku kuring moal diala ayeuna, sok eta endog dina beuteung maneh sing jadi burayak anu loba heula. Eusian ieu cigede ku anak anak maneh, sabulan kahareup maneh ku kuring diuseup deui pikeun dibikeun ka mang Ucup..!”

Sabulan tisaprak harita, sakumaha carita diluhur. Pa Imin ngincig deui ka cigede mawa jeujeur jeung kempis, teu poho eupan cacing jeung anak bancet.
Lung eupan dialungkeun katengah leuwi, kecemplung seot langsung disantrok ku lauk. Ned karasa beurat dicentokna, seot kaditu seot kadieu. Kolembar katingali lele gede mucunghul kana beungeut cai tuluy ditarik ka sisi. Bener wae lele gedena sarua jeung anu bareto beunang, ngan nu ieumah aya bedana. Bedana, eta lele anu katarik ka sisi ku useup teh dituturkeun ku ratusan burayak lele anu laleutik keneh ngabring ngiringkeun indungna anu kakait ku useup Pa Imin. Tuluy eta lele diangkat, sihoreng lele anu bareto geus anakan anu sakitu lobana.
“ Tah, ayeuna jangji kuring rek dibuktikeun. Anjeun ku kuring rek diala, rek dibikeun ka mang Ucup pikeun dahareun anak anakna. Sing rido sing ihlas maneh, keun burayak manehmah da  bisa hirup sorangan nepi ka garede di ieu leuwi..!”
Eta lele teh saperti anu ngarti, cicing wae diasupkeun jeung salila diwadahan kana kempis teh. Buriak anak lele anu reuay  teh arindit ka tengah leuwi tuluy laleungit ku jerona cai leuwi.


Wassalam…
5april2013/00.00

Tidak ada komentar:

Posting Komentar