Minggu, 14 April 2013

NGUSEUP DIBORONJONG


Diserat ku Cep Alex Ramadarris


Isuk-isuk poe minggu katingali meni cangra, panon poe nyirorot ti wetan ngahaneutan kenteng nu baseuh kahujanan tadi peuting. Manuk gareja anu nyarayang dihateup imah oge kabeh kalaluar ngadon maroyan bari racet disarada bangun anu barungah.
Kulutrak panto imah dibuka, torojol Pa Imin kaluar bari mawa sapu pikeun nyapukeun teras anu bala ku jangjang siraru sesa peuting ngaronyom lampu.
“ Nyantey pa guru..?” mang abdul nanya bari ngaliwat.
“ Eh..muhun mang, mingguan yeuh. Rek nguseup dimana ieu teh eta jeujeur meni leucir kitu?” jawabna.
“ Diboronjong pa guru, nuju seueur lele. Kamari oge bapa Kuwu nepi kenging tilu siki jaba baradag deuih, sok seueuran anu nguseupna oge,ngajajar na boronjong. Bade gabung ?..” ceuk mang abdul bari tuluy ngaleos indit.
Teu kapikiran saeutik oge ngadon ngahajakeun cingogo di cigede ngadon nguseup bari eujeung bieung teuing meunang, puguh dina balong. Ngan saukur miceunan waktu teu pararuguh, mending diimah boh beberes boh naon.

Panon poe beuki luhur panasna beuki karasa, Pa Imin ngadaweung diuk dina teras bari ngilengan manuk cocooana anu keur dipoekeun.
“ Nyantey keneh pa guru..?”
Sihoreng mang abdul ngaliwat balik nguseup bari ngajingjing lele gede pisan.
“ Haruh, eta lele meni gede kitu. Meunang nguseup ta meunang meuli nya mang dul, aya sakilo satengah beuratna..?  tanyana bari ningalian lele nu dibawa ku mang abdul.
“ Ka pasar mesermah atuh pa guru, nya ti cigede kenging nguseup atuh. Lumayan kanggo dalahar budak tiluan mah moal seep, diical oge aya hargaan!” jawab mang abdul.

Sainditna mang abdul kapikiran ku manehna pikeun ngajaran nguseup ka cigede susuganan meunang lele anu gede. Kabeneran budak nu bungsu sok senengeun dahar jeung lauk lele.
Saba’da solat lohor manehna tuluy nyokot jeujeur kumplit jeung kempisna. Setelan pakeana oge disaruakeun jeung tukang nguseup anu dina acara Mancing Mania Mantap.


“ Nguseup dimana Pah, meni kumplit kitu kalah jiga mancing mania..?” tanya bu emi
“ Ngajaran nguseup ka cigede Mah, bieu mang abdul balik nguseup ngajingjing lele ageing pisan. Sugan wae papah oge kenging nu leuwih ageung !” jawabna bari mageuhan tali useup.
Sadatangna ka boronjong di cigede teu kasampak jalma saurang urang acan anu nguseup. Gek manehna diuk dina umbagan boronjong, tali kempis dibeungkeutkeun kana kawat boronjong. Kusiwel ngaluarkeun cacing kalung pikeun eupan  tuluy dikaitkeun kana useup, belewer dialungkeun katengah leuwi. Panon manteng kana kukumbul susuganan teuleum katarik ku  lauk anu ngait. Sakapeung panona ningali kana budah cai anu ngaburial tina akibat cai muih dijero, sakapeung ningali kasakuriling.
Dua alungan tilu alungan opat alungan hiji oge euweuh teuing lauk anu nyantrok kana eupan cacingna. Jeujeur diangkat cacingna euweuh, meureun beak ku keuyeup mangkaning cacingna kari hiji deui. Tuluy cacing sesa dicokot rek dikaitkeun kana useup. Karek oge dicekel cacing ragrag kana cai duka kamana da teuleum hese dicokotna.
“ Heuuh..keur mah euweuh deui, ragrag pisan..mending balik !” gerentesna handeueul.

Kakara oge rek muka tali kempis, ujug aya bancet leutik ajleng tina batu nubruk kana awakna.
“ Monyong teh siah ngareureuwas ka aing..!!” gep eta bancet ditekem tuluy rek dialungkeun katengah leuwi, tapi teu jadi dialungkeun.
“ Dipake uepan siah ku aing..sugan mawa rejeki lah..!” pikirna bari muka deui jeujeur tuluy ngaitkeun bancet kana useup. Belewer dialungkeun ka tengah leuwi.
Aya sapuluh menitmah kukumbul teh teu teuleum teuleum ku lauk. Ditarik deui eupan bancet aya keneh, lung deui dialungkeun katengah leuwi. Jeujeur ditincak ku keuneung pajarna bisi katarik ku lauk ka tengah leuwi. Kusiwel ngaluarkeun roko cekres disundut, pelenyun udud. Panon manco kana kukumbul, lep kukumbul teuleum seot kenurna manteng.
“ Halah, lauk gede..!” bari nyentok tarik pisan, det karasa teuas jeung beurat jigana lauk gede pisan.
Jeujeur melengkung kenur panteng. Seot kaditu seot kadieu, sakapeung kahandap meureun lauk rek asup kana liang. Jeujeur ditarik ngalawan tanaga lauk anu tohaga, leungeun geus karasa cangkeul nanahan jeujeur anu ditarik ku lauk. Lila lila kolembar katingali lauk mucunghul na beungeut cai.
“ Wuah..lele gede ieu mah..!”
Lauk lele katarik kasisi cai tuluy dicekel, gudiblag lauk malik ngalawan hayang leupas. Cai muncrat kana beungeut. Ditarik deui, gep kacekel tuluy diangkat. Lele gede pisan beuteungna meni bulistir loba endogan aya dua kilona meureun beuratna. Tuluy diasupkeun kana kempis, lele kekecepekan hayangeun leupas.

Kusabab eupana euweuh deui, Pa Imin ngahuleng bari nitenan lele dina kempis anu ancul anculan hayang leupas. Pikirna …” kacipta lamun lauk lele diasakan, endogna dipais meureun cukup jang dahar barudak. Lamun dijual meureun payu salawe rebu mah, mahi dua bungkuseun udud…”. Tapi dipikiran deui..” ieu lamun jalma ngajajar nguseup didieu tuluy kabeh meunang lele gede arendogan kieu, meureun beak atuh lele di cigede teh. Lamun beak, keuyeup nu jadi kadaharanana meureun beuki loba ngaranjah kana balong,kana sawah, lupaskeun wae kitu….asa nyaah ku cangkeul jeung panasna ngajentul nguseup salila lila. Tapi ari diala, endogna moal jadi burayak pikeun ganti indungna…ah lieur ari mikiran kadinya mah”. Teg deui inget ari keur ngajar ka barudak disakola ngeunaan ngajaga kalestarian alam..” piraku ka budak nitah ngalestarikeun alam, ari guruna ngadon ngarusak alam ku ngala lele anu rek anakan…”
………………………………..

“Euleuh eta lele ageung pisan pa guru, geuning tiasaan nguseupna..!”
Korejat Pa Imin kageteun. Sihoreng mang Ucup datang teu kanyahoan titukang.
“ Eh..muhun mang, kaleresan yeuh kenging rejeki ageung. Tapi da bade dileupaskeun deui lah ku abdina oge, karunya”.
“ Na kunaon kitu, lebar atuh pa guru. Abdi oge moal nampik pami dipasihkeun mah, cekap kanggo dahar barudak nu lima mah!”
Pa Imin teu langsung ngajawab omongan mang Ucup kitu. Dina pikirna…” lamun ieu lauk dibikeun ka mang Ucup anu pakir tamtu katarimaeun pisan, anakna nu reuay barungaheun dahar jeung lauk gede, kuring boga pahala ku mere kanu butuh. Tapi lamun kitu, cigede euweuh laukan meureun da indung lauk anu rek anakana diala….ah leupaskeun wae, rejeki  mang Ucup mah Alloh nu ngatur”.
“ Bade dileupaskeun wae mang, keun sina anakan ka loba sangkan cigede na hurip ku kahirupan dijerona..” jawab Pa Imin bari tuluy newak lele dina kempis. Lauk lele teh dicekel samemeh dileupaskeun, bari dicaritaan ku Pa Imin.
“ Jung maneh ku kuring moal diala ayeuna, sok eta endog dina beuteung maneh sing jadi burayak anu loba heula. Eusian ieu cigede ku anak anak maneh, sabulan kahareup maneh ku kuring diuseup deui pikeun dibikeun ka mang Ucup..!”

Sabulan tisaprak harita, sakumaha carita diluhur. Pa Imin ngincig deui ka cigede mawa jeujeur jeung kempis, teu poho eupan cacing jeung anak bancet.
Lung eupan dialungkeun katengah leuwi, kecemplung seot langsung disantrok ku lauk. Ned karasa beurat dicentokna, seot kaditu seot kadieu. Kolembar katingali lele gede mucunghul kana beungeut cai tuluy ditarik ka sisi. Bener wae lele gedena sarua jeung anu bareto beunang, ngan nu ieumah aya bedana. Bedana, eta lele anu katarik ka sisi ku useup teh dituturkeun ku ratusan burayak lele anu laleutik keneh ngabring ngiringkeun indungna anu kakait ku useup Pa Imin. Tuluy eta lele diangkat, sihoreng lele anu bareto geus anakan anu sakitu lobana.
“ Tah, ayeuna jangji kuring rek dibuktikeun. Anjeun ku kuring rek diala, rek dibikeun ka mang Ucup pikeun dahareun anak anakna. Sing rido sing ihlas maneh, keun burayak manehmah da  bisa hirup sorangan nepi ka garede di ieu leuwi..!”
Eta lele teh saperti anu ngarti, cicing wae diasupkeun jeung salila diwadahan kana kempis teh. Buriak anak lele anu reuay  teh arindit ka tengah leuwi tuluy laleungit ku jerona cai leuwi.


Wassalam…
5april2013/00.00

BOGA MOBIL...( 20 poe wae )


Panon poe beuki luhur panasna beuki nongtorѐng. Sora barudak meni racѐt teu puguh kadѐngѐna, ma’lum geus waktuna bubaran sakola. Guru –guru ogѐ sawarѐhmah aya nu geus baralik.
Kacaturkeun poѐ harita mah Pa Imin kabagi jam tambahan di kelas salapan, ceunahmah pikeun persiapan ngahareupan ujian ahir sangkan barudakna leuwih mantap jeung siap dina ngahareupana. Sarѐngsѐ ngajar samѐmѐh balik manѐhna ngadon ngahuleng bari ngelepus udud. Keur ngeunah-ngeunah ngelepus, kadѐngѐ hapѐna disada aya sms asup sihorѐng ti bu Émi bojona, eusina kieu…
“….Papah uih tisakola ulah kamana-mana langsung waѐ ka bumi,mamah badѐ masihan ѐta meungpeung barudak teu araya….!”
Maca uesi sms kitu, juringkal pa Imin nangtung tuluy kaluar nyampeur motor, sѐak ngaberengbeng balik. Sajajalan nu aya dina uteukna kapikiran kacipta sadatangna ka imah kasampak bu Émi keur gogolѐran dina ranjang makѐ lingerie nu ipis jeung transparan tur saeutik rada disingsatkeun..pokona mah seksi jeung matak uruy anu ningali.
“ Mmmh…geus saminggu yeuh talang tѐh saat waѐ, tenang “tong” sakeudeung deui ogѐ digolontorkeun..!” kitu gerentes hatѐna ngeres. Ma’lum ari lalaki nu geus rimbitan teu sirikna kudu unggal poѐ ari kahayang “nyiraman kacang” tѐh, padahal ari istrimah aya ngagaduhan waktu dimana “kohkol teu kenging dilebetkeun ka tajug”.

Sadatangna ka imah, nepi ka konci motor oge poho teu dicabut masih ngagantung keneh, kusabab gurunggusuh jeung pikirana ngan kana ѐta waѐ.
Saenggeus kajero imah manѐhna luak lieuk neangan bojona.
“Assalamu’alaikum..…Kamana si dѐmplon tѐh geuning tiiseun…” gerentes hatѐna pѐdah katingali tariiseun.
Barang ningali panto kamerna nutup, teg waѐ manehna boga pikiran yen pasti bu Émi geus nungguan dina ranjang. Karѐk oge muka panto kamer, pelenghir tѐh kaambeu bau parpum  meni melengseng kana irung, bener waѐ kasampak bu Émi keur gogolѐran dina ranjang persis saperti naon anu dicipta cipta ku Pa Imin sajajalan tadi.
“ Uruhhh…eta mamah…!” kecap pa Imin bari ngalaan baju kamejana.
“ Papaaa…” galindeng soanten bu Emi nyalukan ka carogena bari imut jeung ngadilak. Curukna diutek-utekkeun ngodeuan ngajak naek kana ranjang.
Jepret panto kamer dikonci….salajengna teu langkung salira…!
………………………..
“Mamaaaahh….!” Ceuk si bungsu bari lulumpatan ka indungna anu keur moyan ngarunday-rundaykeun rambutna anu baseuh da tas keramas tea.
“ Aya naon sayang, meni lulumpatan kitu…eta deui acuk meni bolokot ku taneuh..!”
“ Tos mengbal, mamah…ukeun acis atuh..!”
“ Kanggo naon…?”
“ Ade hoyong meser sapatu putsal atuh, beh sami jeung batur…!”
“ Ke enjing papah meser, tos enggal kaditu ibak…iih bau kesang. Acukna lebetkeun kana korang seuseuhan…!!”
Teu lila kurunyung pa Imin kaluar ti kamer tuluy nyampeur ka bu Emi.
“ Aya naon si Ade tadi meni cocorowokan kitu, papah kalah lilir…”
“ Eta hoyong gaduh sapatu putsal ceunah, babaturan mengbalna mah tos gaduh sadaya. Eta papah kulemna meni tibra ari tos di “tune up” ku mamah mah…!” jawabna bari imut.
“ Ihh..atuda perlu ari “tune up” teh, bisi tereh turun mesin mun dina motormah. Mah, ke sonten papah bade ka Pa Umar meureun uihna ba’da isa, soalna aya badantenkeuneun ngeunaan pangajuan bantuan ruangan baru kanggo disakola..!” jawab pa imin ditungtungan ku sasadu aya perlu.
“ Muhun, kahade uihna ulah wengi teuing..bisi mamahna kaburu tunduh..!”
“ Maksad mamah... ke wengi bade “tune up” deui..??”
“ Kagila gila teuing, ke wae wengi jum’ah…! Geura enggal kacai kaditu tos jam opat asar heula, terus cuang aremam.!”

Kacaturkeun peutingna pa imin geus balik deui ka imah. Sarengse salat isa, manehna langsung muka leptop ngilengan proposal anu anyar dijieun pikeun diajukeun ka pamarentah.
“ Tos atuh papah ulah langsung kana leptop, emam heula kaditu !!” ceuk bu Emi bari rada tarik pedah salakina katingali meni sibuk.
“ Sakedap mah, ieu penting yeuh ..susuganan wae cair..” jawabna bari derekdek ngetik dina leptop.
“ Eh..papah, ulah popohoanan teuing ari didamel teh. Sugan ari padamelan dicandak kabumi teh sae kitu…? Jawab bu Emi rada teugeug.
“ Sakedap mah, mung ngalengkepan proposal aya keneh nu kirang...kopi mah ! ”
Ku : Cep Alex Ramadarris

“ Susu wae ulah kopi, hese peureum geura…papah teu emut sugan kapan maag na sok kambuh ari seueur teuing ngopi teh !”
“ Muhun atuh, sok susu wae…eh, susu naon Mah..susu kaleng,sachet atanapi susu…..”kemasan husus” ??” saur Pa Imin bari seuri maur.
“ Susu kaleng !!!...., susu kemasan husus mah haseum !!” jawab bu Emi bari tuluy ngaleos ka dapur rek ninyuh susu.
……………………………………………
Peuting beuki jempling nu kadenge ngan saukur sora jangkrik jeung ciang ciang, sakapeung hawar hawar kadenge sora kohkol anu keur ngaronda. Teu karasa waktu geus liwat tengah peuting, Pa Imin masih keneh ngadekul ngahareupan leptop ngarengsekeun pagaweana. Sarengsena tina pagawean, manehna teu langsung sare ka kamer padahal mat amah geus kalayap keleyep tunduh. Gek diuk dina korsi ngadon ngedeng bari nyetel tipi anu kabeneran keur acara berita otomotip. Bari ningali acara anu nembrehkeun sabangsaning mobil jeung motor teh, kapikiran ku manehna asa geus pantes jeung wayah saupama miboga kandaraan roda opat sangkan ari indit inditan kulawarga teu ripuh teuing babawaan jeung cape awak, keun ari motormah husus pikeun mangkat gawe wae. Tapi ari dipikir piker deuimah asa beurat waragadna kana meuli mobilmah…” ah, gogoda dunya”. Boga duitmah pake meuli tanah jeung sawah lumayan inpestasi pikeun barudak jaga ari geus garede…” pikirna.
…………………………………………………
Sakumaha biasana, isuk isuk samemeh marangkat dines jeung sakola, meja dahar jadi tempat “konperensi kulawarga” anu dieusi ku sarapan jeung ngawangkong. Tara tisasari si bungsu daharna teh rada caman cemen jiga anu teu semangat.
“Ade kunaon emamna saeutik pisan..??” Tanya Bu Emi ka si bungsu.
Ditanya teh lain ngajawab, budak teh kalah nyarita kieu..
“ Mah, resep meureun nya upami ade gaduh mobil jiga anu bapana si Brian rerencangan ade teh..”
“ Oh, ade teh hoyong mobil…mangkana ti ayeuna kedah pinter jeung rajin nabung..!” waler mamahna.
“ Ih, sanes ade anu meserna….tapi papah..!” jawab si bungsu bari ngalieuk ka bapana.
“ Muhun ceuk Pah, A’a oge hoyong diajar nyupir mobil..” ceuk lanceukna nambahan.
Ngadenge caritaan anak anakna kitu Pa Imin ngajawab.
“ Barudak hoyong papah meser mobil, gampang…!”
“ Ih, gampang naon ari si papah. Sugan sarua jeung meser gemet cukup ku sarebu..!” tembal bu Emi.
“ Ah, gampang wae ceuk papahmah kari ngamprah ka bank 100 juta 12 tauneun oge kabual meser anu jiga bapana si Brian mah..!” ceuk Pa Imin enteng
“ Terus ari kanggo emam jeung anu sanesna artosna timana..??” Tanya Bu Emi bari meresan piring.
“ Ah, wayahna wae etamah salila 12 taun urang emamna cukup nyocol uyah wae, nu penting gaduh mobil sanes…tos enggal marangkat bisi kasiangan, keun mobilmah gampang..” waler Pa Imin enteng  bari tuluy nyangklekkeun kantong rek mangkat.
Ngadenge jawaban kitu tinu bapana, barudak jeung mamahna sareuri tuluy carengkat pikeun mangkat ka tujuana masing masing.
Sadatangna kasakola, Pa Imin rada kaget sabab teu tisasari tempat anu biasa dipake parkir motorna ayeunamah dipake parkir mobil, pikirna meureun aya pengawas atawa tamu gegeden keur ka pa mantri.
“ Ari itu mobil saha nya Pa Udin, tamu ? “ tanyana ka guru nu nyampak dikantor.
“ Ih, Pa Imin mah katinggaleun berita, mobil tamu mah parkirna oge dijalan sanes didinya..anu Pa Mantri enggal meser kamari..” jawab Pa Udin
“ Sukur atuh, karunya Pa Mantri ari mulang na motor bari jeung kahujanan jaba rompokna tebih deui. Mireng wartos anjeuna bade umroh, leres Pa Udin ?”
“ Muhun leres Pa, malih sareng bojona. Pa Mantri mah jigana kahoyong naon wae oge kacumponan, gajihna arageung, tanah lalega, usaha sampingan aya tur maju katambih teu gaduh putra deui, dunya teh digugulung ku duaan wae meureun nya..” jawab Pa Udin panjang lebar.
“ Meureun…ah, tapi da Pa Mantri mah jalmina sederhana sanajan bandana aya oge, buktina salila ieu anjeuna ngantor cukup ngangge motor wae. Lamun ceuk urangmah kunaon teu tikapungkur meser mobil teh, bade dua tilu oge kabualeun anjeunanamah” jawab Pa Imin.
……………………………………
Tilu bulan tisaprak obrolan “mobil di meja dahar” dipedar, saeutik oge euweuh dina pikiran Pa Imin pikeun meuli mobil, dianggapna etamah ngan saukur impian barudak anu kapengaruhan ku lingkungan babaturana anu boga kolot araya. Pon kitu deui Bu Emi anggapana sarua jeung carogena.

Hiji mangsa disakola, Pa Imin disauran ku Pa Mantri ka kantorna.
“ Pa Imin, urang ngobrol di dieu…jam kosong sanes ??” taros Pa Mantri
“ Muhun Pa, kaleresan kosong dua jam. Bade ngobrol naon Pa..sakola kenging deui proyek kitu..?” jawab Pa Imin bari gek manehna diuk.
“ Proyek naon atuh, giliran batur ayeunamah jatahna oge. Kieu Pa Imin, sakumaha azam simkuring kalih pun bojo. Rencanana minggon payun abdi duaan pan bade mangkat umroh salami dua puluh dinten, tamtuna ninggalkeun sakola jeung imah. Pa Imin pan terang nyalira kulawarga abdimah ngan duaan jeung pun bojo wae, dulur abdi jeung ibuna da sadayana oge jarauh diluar kota. Salami ieu, Pa Imin jadi kapercantenan abdi disakola saupami abdi nuju aya pamengan dines atanapi kulawarga, tah..ari pamengan dines ayeunamah tugas Pa Imin jadi dobel..!”
Bari ngerutkeun halis, Pa Imin tumaros.
“ Maksadna Pa…?”
“ Kieu, geus ari disakola mah gampang  da loba babaturan nu lain. Ngan ieumah aya amanah abdi anu pribadi.”
“ Amanah naon kitu Pa..?” Tanya Pa Imin kaget
“ Titip mobil…..bumi teh gaduh garasi sanes..??” waler Pa Mantri
“..Euuu…muhun Pa, nanging…” can oge rengse nyarita geus dipotong ku Pa Mantri
“ Geus ulah tapi tapian, abdi percanten ka Pa Imin. Ibuna oge panuju lamun mobil dititipkeun ka Pa Imin, pokona salami abdi ibadah umroh di mekkah teh hoyong jongjon husyu teu mikiran dunya dilembur.” Kitu cariosan Pa Mantri teh.
Saharitamah Pa Imin ngahuleng, sabab pikirna ngarana oge barang titipan kudu dijaga jeung dipiara. Sok komo anu dititipkeunna teh lain barang murah.
“ Kunaon ngahuleng…yeuh Pa Imin, ulah rasa kabeungbeuratan bisi kitu bisi kieu pedah katitipan mobil abdi. Abdi hoyong ihlas dina  ibadah umroh, tamtuna kudu ihlas ninggalkeun sagala anu dipibanda ku abdi. Pokona kieu, salami eta mobil dicepeng ku Pa Imin, hak abdi kalih pun bojo kana mobil eta jadi hak Pa Imin. Mangga wae bilih Pa Imin aya perlu jeung kulawarga anu butuh make mobil, ulah asa asa angge wae mobil abdi, kumaha..?”
Ahirna, sanajan beurat oge Pa Imin narima kana amanah ti Pa Mantri.
“ Nya ari Bapa kalih Ibu percantena ka abdi sareng hoyong husyu dina ibadah umrohna mah, Insya Alloh abdi sanggem kangge ngajagi mobil Bapa. Ari perkawis ngangge mobil mah dina abdi kapaksana oge abdi ngawartosan heula ka Bapa…” jawab Pa Imin.
“ Ngawartosan kumaha…nelepon ka Mekkah..?? Ha..ha..ha…teu kudu Pa Imin, sok wae anggo saperluna. Ngan wayahna bisi bensina kurangmah tambahan ha..ha…, tos lah teu kudu kapapanjangan. Abdi yakin 100%  yen Pa Imin tiasa ngajaga amanah abdi ieu, babakunamah abdi sareng ibuna teh hayang husyu ibadah…tah sakitu wae, teras sakalian ke minggon payun pangjajapkeun abdi ka Kabupaten tuluy mobilna candak wae langsung ka bumi Pa Imin nya..!”
Sajajalan bari balik ka imah, Pa Imin mikiran kunaon Pa Mantri mercayakeun nitip mobilna ka manehna. Teg wae manehna inget kana obrolan “mobil dimeja dahar” jeung barudak, pikirna.
“…hak mobil Pa mantri = hak Pa Imin…atuh sarua jeung boga mobil…!”

Sadatangna ka imah, manehna tuluy kacai jeung solat lohor. Saba’da solat manehna ngadunga…
“…Ya Alloh, saupami kapercantenan ieu leres tumiba ka simkuring, paparinan simkuring kakuatan pikeun ngajaga amanah ieu, tebihkeun simkuring tina gogoda setan anu matak nyandak kana kaawonan, tebihkeun simkuring tina fitnah anu bakal nyilakakeun simkuring jeung kulawarga simkuring….tur paparinan kasehatan sareng kakiatan kangge Pa Mantri anu nuju ibadah ka Anjeun Ya Alloh…amiiin..”
………………………………………

“Pah…emam heula atuh…!!” kadenge sora Bu Emi nyalukan
“ Sakedap Mah..” jawabna bari kaluar ti musola tuluy ngajak bojona ka kamer.
“ Aya naon Pah,sanes bade emam heula…?” saur Bu Emi bari nuturkeun carogena ka kamer.
“Aya obrolkeuneun..!” jawab Pa Imin bari nutupan panto kamer. Derekdek wae manehna nyaritakeun naon anu diobrolkeun jeung Pa Mantri disakola tadi.
“Haruh…!!” kecap Bu Emi semu kaget
“ Tos, Mamah ulah kaget. Kuduna oge sukuran ka Alloh yen Papah dibere kapercayaan anu baturmah bieung teuing boga, ayeunamah urang seueurkeun do’a wae ka Anu Maha Kawasa sangkan seu’eur rizki beh kabual meser mobil. Hayu urang emam…eh, peupeujeuh Mamah ulah ngobrolkeun ieu ka barudak..!”
…………………………………………………..
Sakumaha anu dijadwalkeun, isuk isuk Pa Imin jeung Bu Emi marangkat ka rompokna Pa Mantri naek angkutan umum. Sadatangna ka rompok Pa Mantri kasampak tiiseun keneh, Pa Mantrina oge masih nyantey keur ngawangkong jeung tatanggana anu seja ngajajap ka Kabupaten.
“ Alhamdulillah…panjang umur, ceh keneh diobrolkeun. Kadieu kalebet Pa Imin,ibu…. Mah, ieu aya Pa Imin yeuh..!” saur Pa Mantri barang ningali Pa Imin sumping
“ Oh..kalebet Pa Imin, aduh ieu Bu Emi beuki geulis wae katingalina teh..” saur Bu Mantri meni someah tur teu asa asa.
“ Hatur nuhun Ibu..” jawab bu Emi tuluy cipika cipiki sareng Bu Mantri.
Jam dalapan sakumaha jadwalna, Pa Mantri dijajapkeun ka Kabupaten ku Pa Imin sareng kadang tatanggi caketna..singket carita Pa Mantri tos angkat ka Jakarta sareng rombongan umrohna.
……………………………………………
“ Hayu Mah urang uih…!” ajak Pa Imin ka bojona
“Sakedap Pah…Mamahmah asa kumaha kitu, duaan jeung Papah numpak mobil anu sakieu saena uih tuluy mengkol ka bumi, mobilna lebet ka garasi…asa jiga nu urang wae..”
Kulutrak, jeblug panto ditutupkeun meni tarik kadengena…
“ Horeeee… Papah meser mobiiiilll….!!!”
Sihoreng sibungsu balik tisakola meureun kasampak diimahna ngajogrog aya mobil alus, sangkana Bapana geus meuli mobil.
“Tos, ulah ribut…isin ku tatangga..!” saur Bu Emi ka putrana
“ Mah, Papah meser mobil nya…??”
“ Sanes mobil Papah etamah sayaaang…!” ti kamer Pa Imin nyarita tarik
“ Geuning...atuh aya di bumi ade..?” Tanya sibungsu bari lumpat nyampeur ka bapana
“ Ceritana ke wengi bari “makan malam”, beh sadayana kumpul..!” jawab Pa Imin kalem.
 “ Mana si A’a geuning teu aya..?”
“ Nuju ngusapan mobil meureun Pah..!”
Teu lila anu di tanyakeun teh datang….

Samemeh nyaritakeun asal muasal eta mobil, Pa Imin naros ka si bungsu
“ Kapungkur teh Ade hoyong mobil, sanes..??”
“ Muhun Pah, A’a oge hoyoneun…!”
“ Sok rajin ngado’a teu ka Alloh yen Ade hoyong mobil..?”
“ Unggal tos solat Ade mah ngado’ana oge, unggal dinten..”
“Tah, ayeuna do’a ade diijabah ku Alloh. Ayeuna Papah dititipan mobil ku Alloh..!” jawab Pa Imin bari tuluy nyaritakeun sagala ngeunaan eta mobil nepi ka aya diimahna.
“ Ooooh….!”( budak nu tilu kompak)
“Tah ayeunamah barudak kudu sukuran ka Alloh, ngagaduhan bapa jeung mamah anu dipercaya ku batur pikeun nitipkeun mobilna anu kudu dijaga jeung tiasa dianggo pami diperlukeun…kitu !”

Ahirna kahayang sibungsu numpak mobil alus anu sarua jeung babaturana si Brian teh kacumponan sanajan ngan saukur 20 poe oge.
Salila eta mobil dicekel ku Pa Imin, ngan tilu kali manehna ngarasa mamangkatan make eta mobil, mimiti waktu tengah peuting nganteur tatanggana anu kurang mampuh rek ngalahirkeun, anu kadua waktu ngajajap Ramana berobat jalan ka Rumah Sakit, jeung anu katilu kalina ngajak barudak amengan ka Water Boom bari sakalian ngumbah mobil jeung cun ap sabab katitipan ku Pa Mantri yen mobil teh kudu geus dicek ka bengkel. Sesanamah eta mobil teh ngan diteuteup jeung diarusapan ku barudak di garasi.
………………………………………………
…….Ari numutkeun sare’atna mah titipan ti jalma, tapi hakekatna mah eta teh titipan ti Anu Maha Kawasa Alloh SWT ku jalan anjeuna dipaparinan kapercayaan tina hirupna anu dibarengan ku kajujuran, kaihlasan jeung kasabaran…..urang darungakeun wae sugan taun hareupmah anjeuna aya rejeki halal tiasa ngagaduhan mobil anu lamina langkung ti 20 poe……

Wassalam………………………………………………….