Tos kauninga
ku urang sadaya wireh anu namina guru kedah janten panutan pikeun
murid-muridna. Pon kitu deui dilingkungan masarakat sok aya babasan ceunah ari
guru teh “ digugu jeung ditiru”. Sagala tingkah paripolah jeung basa sok
dijadikeun eunteung ku masarakat babakuna masarakat anu ngagaduhan murangkalih
alit nu sarakola keneh.
Hiji mangsa kacarioskeun aya ibu guru
ngawulangna di SD paporit dilemburna. Anjeuna ngagaduhan putra istri yuswana 4
taunan namina neng Bintang, murangkalihna geulis sapertos ibuna jeung lucu
sapertos apana ( apana seniman calung
). Ma’lum budak alit nu nembe diajar nyarios jeung kosa kata, neng Bintang teh
pami nyarios basana sok kasar. Diantawisna pami teu kiat hoyong kahampangan teh
nyebatna sok …” Mamah, hoyong ki’ih..!”. nu namina budak alit can ideng sok teu
mandang dimana jeung nuju kumaha, kadang kawis
mamahna sok kaisinan pami diajak kasakola teras dikantor atanapi dikelas
neng bintang sok nyebatkeun “ki’ih” teh.
Mangkaning mamahna teh kasebatna mah
Guru Teladan Tingkat Kabupaten. Ma’enya ari mamahna guru teladan nu pinter dina
ngajar ngaping ngadidik muridna disakola ku sagala etika sopan santun, ari ka
putrana teu tiasa ngadidik ngajar basa anu sae.
Hiji wengi bari mepende neng Bintang ( samemeh mepende bapana ), neng bintang
dicariosan ulah deui-deui nyebat ki’ih upami hoyong kahampangan. Anjeuna
ngemutan kecap naon nu kinten-kinten sae tur cocok pikeun basa budak leutik.
“ Neng…engke mah pami hoyong kahampangan
teh ulah nyebat ki’ih nyaa….eta teh awon…!”
“ Atuh nyebatna naon nya mamah…da eneng
mah teu telang…!”
“ Kieu wae, nyebatna….mamah hoyong pipis
!!”
“ Ih…pipis nu eneng sok meser ka bi onah
dicakola..!!”
Ngahuleng deui mamahna milari istilah
basa nu teu matak salah tafsir kanggo putrana.
“ Ooh…ieu wae atuh…mamah hoyong
nyanyi…!!”
“ Muhun atuh….eneng na tunduh hoyong
bobo’..!”
Ahirna unggal karasa, neng Bintang teh
nyebatna “ nyanyi”. Tisaprak harita mah bu guru teh teu kaisinan teung pami
nyandak neng Bintang kasakola atanapi nuju kamana-mana teh.
Hiji mangsa mamahna teh kenging pancen
ti sakola kedah ngiringan diklat guru teladan salami tilu dinten di Bandung,
neng Bintang dititipkeun ka aki jeung ninina nu geus karolot jeung karurang
denge. Salila di aki ninina, neng Bintang anteng tara nangis atawa rewel hoyong ka mamahna.
Hiji peuting kana jam hijian neng
Bintang teh lilir tuluy ngagugubrag akina nu keur ngaguher kerek.
“ Aki…aki…ugah eneng hoyong nyanyi !!!”
Kulisik akina hudang bari lulungu….
“ Enjing wae atuh geulis…ayeuna mah
tengah wengi, akina oge tunduh…”
“ Alim..!! hoyong ayeuna…eneng na teu
kiaaat…!!!”
“ Nya sok atuh…ulah diluar da poek, didieu
wae nyanyina harewoskeun wae kana cepil aki nya…!!”
…………………………………………….
Nu maos emut keneh yen “ nyanyi “ teh =
“ ki’ih”…???
…………………………………………….
Tuluy neng Bintang nangtung morosotkeun
lancingana, gek manehna cinggogo luhureun ceuli akina nu geus ngaguher deui……………..wrrrrrrrrrr…cwswss………..kana
cepil aki……
Wassalam…………….
Aya kacipta……….
Upami “ngising”digentos “nyium”……….
Teu kabayang ………dina pipi,rambetex...