Hiji
mangsa di hiji tempat, kacaritakeun aya nini-nini jeung aki-aki ( nu
tamtuna gues karolot jeung pareot ) hirupna miskin,imahna ngan saukur saung
bilik butut nu geus reyod. Saban poe eta aki nini teh gawena ukur tatani molah
tanah jeung pepelakan. Ari pepelakan nu dijadikeun andelan tatanena nyaeta
pelak waluh gede, sabab taneuh jeung hawana cocok pikeun pelak waluh. Nya tina
ngajual waluh si aki nini bisa kabual
meuli beas jeung deungeun sangu jang sapopoena. Hiji mangsa waktuna panen
waluh, tapi sausum ayeunamah waluh nu jadi bener tina sakebon teh ngan sukur
tilu siki, eta oge teu rampag garedena...aya nu gede pisan..aya nu sedeng jeung
aya nu leutik. Ngahelas si nini teh ningali kaayaan dina panen ayeuna.....tuluy
nyarita ka si aki...
“
Aki..geuning waluh teh ngan tilu siki nu biasana mangpuluh-puluh teh...! ceuk
si nini bari ngusap dada nu geus dempak jeung peot. Ari si aki jalmana sabaran
tur sok tumarima kana kaayaan, manehna ngajawab....
“ Geus
kajeun nini, sakieu ge geus pira-pira masih dibere keneh tilu..ayeunamah cuang
ala wae saayana “ ceuk si aki bari tuluy nyokot bedog jang ngala waluh.
Barang si
aki ngalengkah rek nigas tangkal waluh.......ujug-ujug aya sora tanpa
katingali,kecapna kieu....
” Heh aki
nini, ieu waluh lain waluh samanea...ieu waluh bakal nyumponan naon wae
kahayang anjeun...” les eta sora goib teh leungit. Si aki jeung nini bati
ngaharuleng pacampur reuwas ngadenge eta sora goib.
Sarengse
niiskeun kareuwas, si aki jeung nini badami ek dikumahakeun eta waluh nu tilu
teh.
Ahirna si
aki nyarita....
” Geus nini
urang ala wae kabeh ieu waluh,isukan jang jual ka pasar...” ceuk si aki bangun
teu mikirkeun naon nu kadenge ti sora goib tadi.
Di ala wae
waluh teh,tuluy dibawa kaimah...nyampe ka imah si nini panasaran...
” Aki..cik acakan
hijimah waluh teh dibeulah susuganan wae nu dicaritakeun goib teh bener...!”
ahirna si
aki nurutkeun kana kahayang nini. Dicokot waluh nu pang gedena...tuluy dibeulah
ku si aki.....naaaaaaa........ari pas beulah teh.......BELEGEDEG.....aya
ngajirim hiji mahluk jangkung gede hideung cakeutreuk bari nyarita.....
” Hayang
naon maneh ???…sebutkeun hayang naon...tapi hiji pamenta wae...!!!!
Atuuuh.....reuwas
taya papadana si aki jeung si nini...ngadegdeg...ngahodhod..ngan teu kapiuhan jeung
kababayan kiih wae. Teu lila si nini ngajawab bari ngacung...
” Hayang
imah nu mewah jeung sagaala eusina...!!!”
Teu kudu
nganti lila, sakiceup mata, si aki jeung nini geus aya dijero imah nu agreng
taya papadana, teu sirikna mun urang asup ti panto hareup jam genep isuk, kaluar ti panto tukang teh kana
jam lima sore saking ku legana eta imah..…
Ngahuleng
ngaraja meneng aki jeung nini bangun nu teu percaya kana naon nu geus kajadian,
saenggeus saladar maranehna kakara percaya yen sora goib tadi nyata kabukti.
Tilu poe
geus kaliwat, eta dua sejoli nu biasana ngararengkol carameot dina dipan
talupuh diamparan samak butut, ayeunamah ngabaraheuhay na ranjang kolambu
diamparan spring bed. Pokona sagala mewah teu beda jeung eusi imah jalma
inohong jeung juragan tanah.
Kacaritakeun…….
Aya ku
dasar ari awewe….sok aya wae nu kurang teh, duka hayang geulis....duka hayang
ragumang.
Tengah peuting sabot si aki ngaguher
kerek….keteyep si nini kadapur, tuluy nyokot bedog maksudna rek meulah waluh
susuganan kahayangna bisa kacumponan.
Sataker
kebek waluh nu pang leutikna teh dibeulah…bray
jadi dua…
“ Nya mana
geuning euweuh nu ngajirim….??” Gerentes si nini bari molohok.
Kakara ge mikir kitu….naha ujug-ujug titukang
aya nu noel bari nyarita tarik pisan…
” Hayang
naon maneh ….???? “
Korejat si nini reuwaseun bari latah nyarita…..
” Eh…@t#l
peot…. ( cekap 2 x wae )!! “
….. Atuh
etamah para wargi sadaya…eta nu namina “ @t#l peot “ nyampak dimana-mana…nu
napel na kulkas, nu naplok na tipi, nu ngagantung na lampu, pokona bru dijuru
bro dipanto ngalayah ditengah imah kaasup nu naraplok dina kasur tur bantal nu
keur dipake sare ku si aki…
” Naon sih
ieu nu raranyed na bantal teh…” ceuk si aku bari lulungu, tuluy dicabakan….
“Euleuh
geuning asa apal…haruuuh…niniiii..!!!”
Juringkal si
aki hudang tuluy lumpat kadapur da geus langsung wae kapikir pasti si nini
meulah waluh……enya wae datang kadapur teh kasampak si nini keur andiprek bari
ngahuleng ningalian “ eta “ nu sakitu
ambarayahna.
Saenggeus ditanyakeun kumaha mimitina jeung
kajadianana, ahirna si aki nyarita kieu…
” Geus
ayeunamah urang beulah eta waluh nu hiji deui, urang menta supaya nu
karieu dileungitkeun !!” Ceuk si Aki
bari nunjuk kana “eta” nu napuk dina
tembok,
”….Enya
atuh…!”jawab si nini teu mikir panjang.
Teu
antaparah eta waluh nu hiji deui dibeulah ku si aki, teu lila belegedeg aya nu
ngajirim bari nyarita….
” Hayang
naon deui atuh…!!! “
” Menta
dileungitkeun nu model kitu ( bari nunjuk
kana “eta“ nu napuk dina sagala rupa)…jawab si Aki.
” Okke !!!…” ceuk eta mahluk.
Teu
lila…less wae nu nu narapuk napel saimah-imah teh leungit teu nyesa kaasup teu
nyesa jeung sagala naon nu ditapelanana.
Ahirna imah
nu agreng teh balik deui ka asal nyaeta imah bilik butut tur rareyod….
” Geus
nini, kahirupan urangmah meureun kuduna kieu wae…” ceuk si aki bari diuk dina
dipan butut…
“ Enya
meureun, kieu ge geus Alhamdulillah…”ceuk si nini bari ngurut dada nu peot…
( penulis
milu nyarita : “bener eta teh
nini, Alloh mah geus ngatur mahluk teh ku rizkina masing-masing” )
…...
Akiiii……!!!..teu pupuguh si nini ngoceak bari rawah-riwih lumpat moro si aki nu
geus kaluar rek kacai…
” Aya naon
??...ceuk si aki…
” Akii….nu
kuring leungiiit…!!!
“Naon nu
leungit ??...
“ ieuu….( bari nunjuk ka handap rada tengah saluhureun
tuur sahandapeun bujal )…
Sihoreng
waktu meulah waluh katilu tur nyebutkeun pamenta ngaleungitkeun “ eta “, aki jeung nini teu inget kana “ eta “ boga nu si nini…
Atuuuuh….pamiarsa
kaum dangu, etamah sarua jeung boga flash
disk tapi euweuh USB slotan
…ha…ha…wassalam !!!
Sourch : caritalucu bay sugiono
Ka anu maos
Ulah seueur carios
Ieu carita memang
teu kahartos
Jeung moal
ngahasilkeun artos
Tapi sae diaos ku
nu nuju karaos waos
Mung kahade sing
atos-atos
Maosna ulah bari
haroshos