Sabtu, 27 Desember 2014

Fiksi Sendal Capit

Wanci haneut moyan, toko kuring geus mimiti haneuteun. Nyaa, haneuteun wé lah keur ukuran toko sendal leuleutikan di pasar mah..
Sok asa resep téh, mun geus aya ibu-ibu nu nawar bébéakan. Padahal mah nu dibeulina teu sabaraha. Ahh sok diladénan wé ku kuring, keun da sarua awéwé ieuh rék paheuras-heuras gé! Teken wé terus, pakuat-kuat égo!
Pas keur ngadu égo jeung urang Cihéjo, torojol budak leutik nu ti tatadi melongan sendal capit nyampeurkeun. "Bu ieu sabaraha?" Tanyana bari ngagiwing sendal capit beureum.
"Sapuluh rébu" Walon kuring heureut. Ahh melong beubeungeutan kieu mah pasti euweuh duitan!
"Sapasang?"
"Nya heueuh atuh!"
"Bu, da abdi mah wegah nu katuhu hungkul, kénging lima rébu?"

Kuring ngahuleng. Katuhu? Pas ningali ka handap, sukuna.. Leuh, gening ngan sabeulah..