Minggu, 20 Mei 2012

WALUH AJAIB ( THE MAGIC PUMPKINS )


Hiji mangsa di hiji tempat, kacaritakeun aya nini-nini jeung aki-aki  ( nu tamtuna gues karolot jeung pareot ) hirupna miskin,imahna ngan saukur saung bilik butut nu geus reyod. Saban poe eta aki nini teh gawena ukur tatani molah tanah jeung pepelakan. Ari pepelakan nu dijadikeun andelan tatanena nyaeta pelak waluh gede, sabab taneuh jeung hawana cocok pikeun pelak waluh. Nya tina ngajual waluh si aki nini bisa  kabual meuli beas jeung deungeun sangu jang sapopoena. Hiji mangsa waktuna panen waluh, tapi sausum ayeunamah waluh nu jadi bener tina sakebon teh ngan sukur tilu siki, eta oge teu rampag garedena...aya nu gede pisan..aya nu sedeng jeung aya nu leutik. Ngahelas si nini teh ningali kaayaan dina panen ayeuna.....tuluy nyarita ka si aki...
“ Aki..geuning waluh teh ngan tilu siki nu biasana mangpuluh-puluh teh...! ceuk si nini bari ngusap dada nu geus dempak jeung peot. Ari si aki jalmana sabaran tur sok tumarima kana kaayaan, manehna ngajawab....
“ Geus kajeun nini, sakieu ge geus pira-pira masih dibere keneh tilu..ayeunamah cuang ala wae saayana “ ceuk si aki bari tuluy nyokot bedog jang ngala waluh.
Barang si aki ngalengkah rek nigas tangkal waluh.......ujug-ujug aya sora tanpa katingali,kecapna kieu....
” Heh aki nini, ieu waluh lain waluh samanea...ieu waluh bakal nyumponan naon wae kahayang anjeun...” les eta sora goib teh leungit. Si aki jeung nini bati ngaharuleng pacampur reuwas ngadenge eta sora goib.
Sarengse niiskeun kareuwas, si aki jeung nini badami ek dikumahakeun eta waluh nu tilu teh.
Ahirna si aki nyarita....
” Geus nini urang ala wae kabeh ieu waluh,isukan jang jual ka pasar...” ceuk si aki bangun teu mikirkeun naon nu kadenge ti sora goib tadi.
Di ala wae waluh teh,tuluy dibawa kaimah...nyampe ka imah si nini panasaran...
” Aki..cik acakan hijimah waluh teh dibeulah susuganan wae nu dicaritakeun goib teh bener...!”
ahirna si aki nurutkeun kana kahayang nini. Dicokot waluh nu pang gedena...tuluy dibeulah ku si aki.....naaaaaaa........ari pas beulah teh.......BELEGEDEG.....aya ngajirim hiji mahluk jangkung gede hideung cakeutreuk bari nyarita.....
” Hayang naon maneh ???…sebutkeun hayang naon...tapi hiji pamenta wae...!!!!
Atuuuh.....reuwas taya papadana si aki jeung si nini...ngadegdeg...ngahodhod..ngan teu kapiuhan jeung kababayan kiih wae. Teu lila si nini ngajawab bari ngacung...
” Hayang imah nu mewah jeung sagaala eusina...!!!”
Teu kudu nganti lila, sakiceup mata, si aki jeung nini geus aya dijero imah nu agreng taya papadana, teu sirikna mun urang asup ti panto hareup jam  genep isuk, kaluar ti panto tukang teh kana jam lima sore saking ku legana eta imah..…
Ngahuleng ngaraja meneng aki jeung nini bangun nu teu percaya kana naon nu geus kajadian, saenggeus saladar maranehna kakara percaya yen sora goib tadi nyata kabukti.
Tilu poe geus kaliwat, eta dua sejoli nu biasana ngararengkol carameot dina dipan talupuh diamparan samak butut, ayeunamah ngabaraheuhay na ranjang kolambu diamparan spring bed. Pokona sagala mewah teu beda jeung eusi imah jalma inohong jeung juragan tanah.

Kacaritakeun…….
Aya ku dasar ari awewe….sok aya wae nu kurang teh, duka hayang geulis....duka hayang ragumang.
 Tengah peuting sabot si aki ngaguher kerek….keteyep si nini kadapur, tuluy nyokot bedog maksudna rek meulah waluh susuganan kahayangna bisa kacumponan.
Sataker kebek  waluh nu pang leutikna teh dibeulah…bray jadi dua…
“ Nya mana geuning euweuh nu ngajirim….??” Gerentes si nini bari molohok.
 Kakara ge mikir kitu….naha ujug-ujug titukang aya nu noel bari nyarita tarik pisan…
” Hayang naon maneh ….???? “
 Korejat si nini reuwaseun bari latah nyarita…..
” Eh…@t#l peot…. ( cekap 2 x  wae )!! “
….. Atuh etamah para wargi sadaya…eta nu namina “ @t#l peot “ nyampak dimana-mana…nu napel na kulkas, nu naplok na tipi, nu ngagantung na lampu, pokona bru dijuru bro dipanto ngalayah ditengah imah kaasup nu naraplok dina kasur tur bantal nu keur dipake sare ku si aki…
” Naon sih ieu nu raranyed na bantal teh…” ceuk si aku bari lulungu, tuluy dicabakan….
“Euleuh geuning asa apal…haruuuh…niniiii..!!!”
Juringkal si aki hudang tuluy lumpat kadapur da geus langsung wae kapikir pasti si nini meulah waluh……enya wae datang kadapur teh kasampak si nini keur andiprek bari ngahuleng ningalian “ eta “ nu sakitu ambarayahna.
 Saenggeus ditanyakeun kumaha mimitina jeung kajadianana, ahirna si aki nyarita kieu…
” Geus ayeunamah urang beulah eta waluh nu hiji deui, urang menta supaya nu karieu  dileungitkeun !!” Ceuk si Aki bari nunjuk kana “eta” nu napuk dina tembok,
”….Enya atuh…!”jawab si nini teu mikir panjang.
Teu antaparah eta waluh nu hiji deui dibeulah ku si aki, teu lila belegedeg aya nu ngajirim bari nyarita….

” Hayang naon deui atuh…!!! “
” Menta dileungitkeun nu model kitu ( bari nunjuk kana “eta“ nu napuk dina sagala rupa)…jawab si Aki.
” Okke  !!!…” ceuk eta mahluk.
Teu lila…less wae nu nu narapuk napel saimah-imah teh leungit teu nyesa kaasup teu nyesa jeung sagala naon nu ditapelanana.
Ahirna imah nu agreng teh balik deui ka asal nyaeta imah bilik butut tur rareyod….
” Geus nini, kahirupan urangmah meureun kuduna kieu wae…” ceuk si aki bari diuk dina dipan butut…
“ Enya meureun, kieu ge geus Alhamdulillah…”ceuk si nini bari ngurut  dada nu peot…
( penulis milu nyarita : “bener eta teh nini, Alloh mah geus ngatur mahluk teh ku rizkina masing-masing” )

…... Akiiii……!!!..teu pupuguh si nini ngoceak bari rawah-riwih lumpat moro si aki nu geus kaluar rek kacai…
” Aya naon ??...ceuk si aki…
” Akii….nu kuring leungiiit…!!!
“Naon nu leungit ??...
“ ieuu….( bari nunjuk ka handap rada tengah saluhureun tuur sahandapeun bujal )…
Sihoreng waktu meulah waluh katilu tur nyebutkeun pamenta ngaleungitkeun “ eta “, aki jeung nini teu inget kana “ eta “ boga nu si nini…
Atuuuuh….pamiarsa kaum dangu, etamah sarua jeung boga flash disk tapi euweuh USB slotan …ha…ha…wassalam !!!
Sourch : caritalucu bay sugiono


Ka anu maos
Ulah seueur carios
Ieu carita memang teu kahartos
Jeung moal ngahasilkeun artos
Tapi sae diaos ku nu nuju karaos waos
Mung kahade sing atos-atos
Maosna ulah bari haroshos



Tidak ada komentar:

Posting Komentar