Rabu, 29 Februari 2012

Liwet peda buntung




 
Bari nundutan ku : Cѐp Alex Ramadarris

Kacaturkeun disakolana,  Pa imin nyangking tugas ti Pa Mantri pikeun miluan Work Shop Tingkat Nasional ngeunaan  “ Program Unggulan Sekolah Terpencil “.
Kalayan dibekelan ongkos keur samangkateun jeung mawa lѐptop mérk “ KASUS” paméré ti pamaréntah anyar kamari. Sapoé saméméhna, Pa Imin diwejangan ku Pa Mantri nu meupeujeuhkeun ka manéhna sangkan dina waktuna pikeun “ Brainstroming” Program Multidiménsi SMPN Cilingkrik 4. Tilu jam lilana Pa Imin “dibekelan” program ku Pa Mantri nepi ka tépos bujurna da diuk waé ngabandungan.

Isukana sarѐngsѐ pamit ka indung budak diimah, Pa imin mangkat ka Jakarta naѐk mobil trѐpel. Sadatangna ka tempat nu dituju, Pa Imin ngajenghok lantaran tempatna tѐh di hotѐl bѐntang opat nu saumur-umur manehna can pernah asup komo deui ngadon narѐ mah da moal kabualeun. Kusabab tingkat nasional jeung di hotel mewah, Pa Imin rada jaga imѐj teu ngacirikeun  datang ti pakampungan. Gubrag manѐhna nunda babawaan tuluy diuk dina korsi lobby hotѐl.
“ Mmh…meni empuk kieu, teu jiga nu disakola teuas jeung geus rarawing”. Gerentes hatѐna bari tungguk-tenggak ningalian lampu mѐwah nu ngagantung.
“..Maaf pak, bapak peserta workshop, sudah chek in belum pak…? Tanya awѐwѐ meni geulis, sihorѐng pagawѐ di hotѐl.
“ Oh…chek in..?? belum mbak,” jawab Pa Imin semu kagѐt.
Sarѐngsѐna ngabѐrѐskeun “prosedur” asup ka hotel mѐwah, Pa Imin dianteur ku pagawѐ hotel ka kamerna.
“  Nah ini kamar nomor  121 buat bapak dan ini kuncinya, selamat beristirahat pak…!” ceuk pagawe hotel bari imut tuluy kaluar ti kamer.

Sakumaha nu geus dijadwalkeun, jam 8 peuting  acara dibuka ku Mentri Pangatikan Nasional Republik Indonesiah Bapa Prof.Dr. Duyeh Élѐkѐsѐkѐng.
Dina sambutana, Pa Mentri ngajangjikeun yen sing saha sakola nu boga program pang alusna, mangka ѐta sakola bakal dibѐrѐ bantuan lѐptop nu lobana 100 unit.



Ngadéngé kitu Pa Imin yakin yén Program Multidiménsi na bakal kapilih jadi program pang alusna. Geus kacipta ku manéhna lamun sakola meunang leptop 100 siki, kabéh guru jeung TU bisa kabagi 4 séwang, jadi kualitasna bisa ngaleuwihan guru propesional anu geus sertipikasi. Oge sakola bisa leuwih unggul jeung munjul tibatan sakola nu geus SSN atawa SBI.

Isukana kacaritakeun waktuna  “Pemaparan Program Unggulan”, Pa Imin dina jadwal kabagian tampil  nomer  urut 10. Saréngsé nomer  urut 8 lekasan maparkeun programna, terus dituluykeun ku nomer urut 9. Bari nundutan Pa Imin ngabandungan kabeh program ti unggal sakola sa-indonesiah, pikirna…
“ …Euweuh teuing nu bermutu program-program téh…terlalu pasaran, deuleukeun engké nu kuring…!” gerentes haténa agul.
Barang keur ngalenggut nundutan, kadéngé nu keur maparkeun dihareup teh nyebutkeun istilah “Program Multidiménsi” , koréjat Pa Imin hudang tuluy molotot kahareup bari ngagerentes…
“ Haruh…geuning sarua, sakola mana étah..? Pak, yang didepan dari sekolah mana ya…?” Tanyana ka nu gigireun. Dijawab ku éta jalma,
“ Oh..itu dari SMPN 4 Darma pak, sekolah itu tahun kemarin juga programnya selalu jadi yang terbaik Pak, padahal sekolahnya berada ditempat terpencil…!”
Kesewel Pa Imin muka tas tuluy ngaluarkeun leptop mukaan program nu dibawana, sihoréng kabeh program nu di pedar ku jalma dihareup téh sarua pisan jeung nu rék dipaparkeun ku manéhna,ngahuleng saharitamah Pa Imin mikiran rék maparkeun naon mun kabagian kahareup, mangkaning hareupeun mentri jigana bisa dianggap plagiator jeung bisa gugur.
Barang keur ngahuleng, kadenge pengumuman yén pikeun nomer urut 10 kaditu bakal dituluykeun deui isukan sabab mentri harita teu bisa lila da aya tilpun ti persidén kudu geura ngadep aya badamikeuneun ngeunaan gas nu mindeng ting beledug.

Peutingna  saba’da salat isa, Pa Imin ngahuleng bari nangkarak dina ranjang, uteukna muter mikiran program sakola nu kudu dipaparkeun isukan. Mangkaning ti sakola pa Mantri geus gedé haté program Multidiménsina bakal unggul, ari rék dipaparkeun da ngérakeun geus aya kamari ku sakola batur, ari henteu kudu kumaha, saharitamah Pa Imin teu puguh cabak teu puguh tekem.

Jam geus nunjuk kana angka 11 peuting, Pa Imin masih kénéh bingung mikiran program jang isukan.
“ Haruuh…lieur geuning, ari disakolamah uteuk téh kalah jejel ku ide-ide program, naha datang kadieu kalah jadi butek…! Gerentes haténa bari muka leptop.
Iseng-iseng Pa Imin mukaan poto-poto kagiatan guru dina acara dines jeung poto iseng ari keur ruang riung. Barang nempo hiji poto, manéhna curinghak bari seuri….( luhureun sirahna aya bohlam ca’ang / aya ideu…)
“ Naah…ini dia solusinya..!!” ceuk manéhna sumringah bari tuluy nyokot pulpén jeung keretas.
Saenggeus curat-corét, derekdek manéhna ngetik bari sakapeung nenggak kaluhur jiga néangan ideu ….( duka néangan cakcak…piraku dihotél méwah aya cakcak ).

Teu karasa sora adan subuh kadéngé raéng di unggal tajug sabudeureun hotél, Pa Imin masih kénéh ngadekul ngahareupan leptop.
“ Yes…réngsé ogé program téh…!!” ceuk Pa Imin bari kuliat.

Kacaturkeun beurangna Bapa Mentri Duyeh tos linggih bari uplek ngawangkong jeung pajabat nu lainna, acara dikawitan.
“ Kami persilahkan nomer urut 10 dari SMPN Cilingkrik 4 untuk memaparkan program unggulannya..!” ceuk panata acara
Tuluy Pa Imin nangtung ngincig kahareup méré hormat ka mentri terus diuk dina korsi nu aya dina panggung . Saréngsé bubuka cumarita, Pa Imin muka programna make power point dina léptop.
“….. Inilah ide kami, awal tercetusnya program unggulan ini..!” ceuk Pa Imin bari nunjuk kana layar nu ngembréhkeun poto guru-guru keur ngariung sarila tutug ngahareupan liwet,peda, lalab sambel jeung kurupuk.
“…Program ini bertujuan mulia, mencerdaskan kehidupan bangsa melalui perbaikan gizi guru untuk meningkatkan mutu pendidik melalui Program yang kami beri nama……..
Program Liwet Peda Buntung………!!!”
Saharitamah euweuh jalma nu teu molohok, kabeh marolongo jiga nu dongo. Tapi Pa Imin teu épés mé’ér ningali respon saperti kitu. Paralak manehna ngajelaskeun maksud jeung tujuan tina program éta, diantarana nyaéta :
1.       Saupama guru sering ngadahar sangu liwet bakal nambah énérgi pikeun semangat dina ngajarna;
2.       Saupama  guru sering ngadahar peda buntung bakal nambah cerdas IQ na pikeun ningkatkeun kualitas ngajarna;
3.       Saupama  guru sering  ngadahar lalab jeung sambel bakal ngalancarkeun jalan darah jeung sarap sangkan tahan cicing dikelas sanajan sapopoé ogé;
4.       Saupama guru sering ngadahar kurupuk jeung liwet bakal gampang tur hampang dina ngalaksanakeun tugas jeung kawajibana;
Sarengsena kabéh dijelaskeun poin per poin ngeunaan “ Program Liwet Peda Buntung “, teu disangka sambutan ti sakabéh nu aya di éta tempat meni luar biasa. Babakuna Bapa Mentri meni éprak bari seuseurian jeung ngacungkeun jempol duanana.

Ahirna, niti wanci nu mustari…nincak mangsa nu sampurna…acara nu di anti-anti nyaéta pangumuman “ Program Terbaik” dikawitan.

Ketua Panitia ngumumkeun……
“ …..Program sekolah terbaik pertama diraih oleh……..Multidimensi SMP Negeri 4 Darma..!!!”
Serenteng aya nu kahareup narima hadiah pocer meuli leptop 100 unit nu kudu dicokot langsung isukan di toko elektronik di Rusia.
“ …..Program sekolah terbaik kedua diraih oleh…..Liwet Peda Buntung SMPN  Cilingkrik 4..!!!”
Serenteng Pa Imin kahareup narima amplop nu ditulisan “ Dari Mentiknas, hadiah dikirim langsung ke sekolah

………………………………
Kacaturkeun Pa Imin geus aya deui disakola diriung ku guru-guru jeung stap nu hayang nyaho caritana meuting di hotél méwah. Barang keur raramé ngadarongeng, katingali dijalan aya jalma kaluar tina mobil box nyampeur kasakola bari mawa map.
“ Ini dengan SMPN Cilingkrik 4..??” tanyana
“ Betul…dari mana ya…?? Jawab Pa Mantri
“ Kami dari Deptiknas hendak menyerahkan kiriman paket, ini suratnya..!”
“ Oooh…Pa Imin itu hadiah nu kamari meni samobil kitu…satu mobil semua ???
“ Betul pak..satu box mobil..! terima kasih kami permisi” jawab éta jalma
Puluhan dus numpuk dihareupeun sakola.
“ Bapa-bapa, ibu –ibu tah ieu téh sadayana leptop nu dijangjikeun ku Mentri…!” ceuk Pa Imin meni reu’eus.
“….Horéééé….!!!!” guru-guru ajret-ajretan barungaheun.
“ Cik tingali dibuka hiji, mérk naon ceunah…KASUS ta NGACER…? Titah pa mantri ka sahiji guru sangkan muka sa dus.
Tacan ogé dibuka , celengkeung kadéngé titukang aya nu nyarita,
“ Wah…salametana ngaliwet deui yeuh, bau pedanamah tos kaangseuh…!”
“ Saha nu ngaliwet pa…ahir bulan kieu mah dana talangana sok hésé..!!” ceuk bu Icih judes
“ Atuh ari bau peda meni melenghir kieu timana…???”
Kabeh jalma nu aya dikantor pating lalieuk néangan sumberna éta  bau peda.
“ Sakedap pa….!” ceuk guru nu rék muka dus “leptop”

Barang bray kardus dibuka……….rep kabéh curuk jalma nu aya didinya dipaké nutupan irung.
Sihoréng bau peda nu melenghir minuhan ruangan eta téh …...nya éta…… tina hadiah….kardus jerona peda wungkul……mangkaning puluhan kardus.
“ Dia aos seratna pa..!” ceuk guru bari ngirung mikeun surat ka Pa Mantri
“ Mana kadieu urang baca..!”

“….Semoga program anda dapat terbantu dengan kiriman kami dan dapat berguna untuk dimanfaatkan selama lima tahun, terima kasih….Mentiknas….”

Gubrag Pa Mantri kapiuhan, tuluy hudang deui da lilir ku bau peda téa….bari luak-lieuk anjeuna  ngagorowok….
“Pa Imiiiiiin……..!! geuning Peda Buntung lain Leptooop…!!!!!”

Duka teuing kamana jalmanamah, sihoréng Pa Imin teu bébéja ka Pa Mantri yén...
Program Multidimensina diganti ku “Program Liwet Peda Buntung”….!!!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar