Bari imut ku :
Cep Alex Ramadarris
Kacaritakeun
dihiji kampung bau lisung aya hiji kajadian aneh numana unggal peuting jumaah
sok aya masarakat nu kaleungitan kolor. Diitung itung dina sabulan ieu wae geus
57 kolor leungit teu puguh laratana jeung teu kanyahoan saha-saha jalma anu sok
malingna.
Ahirna
tisaprak laleungiteun kolor, kaum lalaki mun solat ditajug make sarung teh tara
dikoloran jerona. Hiji mangsa para sesepuh jeung para kiai dikampung urun
rembug nyawalakeun kumaha carana supaya kolor-kolor nu masarakat teu laleungit
teuing.
Diantara
hasil kamupakatan “ Gerakan Preventif Kolor Leungit” teh diantarana :
1.
Diayakeun ronda unggal peuting
2.
Kaum lalaki ulah meuli deui kolor anyar
3.
Lamun moekeun kolor kudu ditungguan nepi ka
garingna
4.
Lamun sare jeung pamajikan cukup make sarung
ulah make kolor
5.
Lamun kapaksa make kolor nalikeuna kudu pageuh
6.
Ka ibu-ibu ulah sagawayah/ gurunggusuh dina
morosotkeun kolor bapana
7.
Diayakeun dikir akbar ngadunga ka anu Maha
Kawasa tiap-tiap malam jumat
Alhamdulillah
saenggeusna nu 6 poin kamupakatan dilaksanakeun, nu laleungiteun kolor teh ngurangan. Tapi hiji peuting malam kemis, aya
laporan ti masarakat yen aya nu leungit kolor deui. Tuluy wae para kiai teh
ngumpulkeun kaum lalaki di tajug pikeun
ngalaksanakeun poin ka 7 nyaeta dikir akbar . Ari tajugna ma’lum dikampung,
ngan saukur tajug panggung luhureun lunjuk teu diamparan samak-samak acan ngan
saukur make talupuh.
Dipingpin
ku mama kiai, dikir teh lila nepi kana tilu jam na. masarakat nu ilu dikir eta
katingali semangat. Ngan aya hiji jalma nu dikirna bari tungkul tur rambisak
cimataan, meureun saking ku husuna dikir nepi ka ceurik sagala.
Sarengse
dikir, kabeh jalma nu sila di tajug teh carengkat rek arindit, ngan eta jalma
nu ceurik tadi masih ngadekul sila bari angger rambisak bari cengar-cengir semu
aya kanyeri.
Ditanya eta
jalma teh ku baturna …….
“ Ente mah
meni husu jeung wekel dikir teh,baturmah geus baralik ieu mah andekak keneh…!”.
Tuluy eta jalma teh ngajawab bari nyengir…..
“ Gandeng
sia…rambisak jeung diuk wae teh lain
sedih jeung husu…. K*nj*t aing kacepet talupuh goblog…!!!
Paingan
titadi diukna teu usik-usik, mmmhh…..kacipta…….wassalam !
Tidak ada komentar:
Posting Komentar