Minggu, 19 Mei 2013

MISSING KOLOR


Bari imut kanjut ku : Cep Alex Ramadarris

Kacaritakeun dihiji kampung bau lisung aya hiji kajadian aneh numana unggal peuting jumaah sok aya masarakat nu kaleungitan kolor. Diitung itung dina sabulan ieu wae geus 57 kolor leungit teu puguh laratana jeung teu kanyahoan saha-saha jalma anu sok malingna.
Ahirna tisaprak laleungiteun kolor, kaum lalaki mun solat ditajug make sarung teh tara dikoloran jerona. Hiji mangsa para sesepuh jeung para kiai dikampung urun rembug nyawalakeun kumaha carana supaya kolor-kolor nu masarakat teu laleungit teuing.
Diantara hasil kamupakatan “ Gerakan Preventif Kolor Leungit” teh diantarana :

1.       Diayakeun ronda unggal peuting
2.       Kaum lalaki ulah meuli deui kolor anyar
3.       Lamun moekeun kolor kudu ditungguan nepi ka garingna
4.       Lamun sare jeung pamajikan cukup make sarung ulah make kolor
5.       Lamun kapaksa make kolor nalikeuna kudu pageuh
6.       Ka ibu-ibu ulah sagawayah/ gurunggusuh dina morosotkeun kolor bapana
7.       Diayakeun dikir akbar ngadunga ka anu Maha Kawasa tiap-tiap malam jumat

Alhamdulillah saenggeusna nu 6 poin kamupakatan dilaksanakeun, nu laleungiteun kolor teh  ngurangan. Tapi hiji peuting malam kemis, aya laporan ti masarakat yen aya nu leungit kolor deui. Tuluy wae para kiai teh ngumpulkeun kaum lalaki  di tajug pikeun ngalaksanakeun poin ka 7 nyaeta dikir akbar . Ari tajugna ma’lum dikampung, ngan saukur tajug panggung luhureun lunjuk teu diamparan samak-samak acan ngan saukur make talupuh.
Dipingpin ku mama kiai, dikir teh lila nepi kana tilu jam na. masarakat nu ilu dikir eta katingali semangat. Ngan aya hiji jalma nu dikirna bari tungkul tur rambisak cimataan, meureun saking ku husuna dikir nepi ka ceurik sagala.
Sarengse dikir, kabeh jalma nu sila di tajug teh carengkat rek arindit, ngan eta jalma nu ceurik tadi masih ngadekul sila bari angger rambisak bari cengar-cengir semu aya kanyeri.
Ditanya eta jalma teh ku baturna …….
“ Ente mah meni husu jeung wekel dikir teh,baturmah geus baralik ieu mah andekak keneh…!”. Tuluy eta jalma teh ngajawab bari nyengir…..
“ Gandeng sia…rambisak jeung diuk  wae teh lain sedih jeung husu…. k*nj#t aing kacepet talupuh goblog…!!!
Paingan titadi diukna teu usik-usik, mmmhh…..kacipta…….wassalam !



Ka anu maos ieu carios
Seurina teu kenging ngahkay
Cekap imut…..imutna…
Imut kanjut….

Tidak ada komentar:

Posting Komentar