“ Saya teu ngeunah ku jama’ah anu protẻs
yen naon nu ditablẻg keun ku kuring di tajug tẻh matak nyinggung ka masarakat,
ceunah...!”
“ Nya ẻntẻna ngomong nyampẻkeun naon
kitu..?”
“ Ah, teu beurat ngan saukur nyampẻkeun
masalah kaihlasan dina urusan dunya..!”
“ Oh, ẻtamah salah tapsir meureun...!”
“ Ih, nya salah jama’ah nu protẻs atuh.
Tapsirmah moal salah,lantaran ẻtamah tina Qur’an..!”
“ Teu ah, ceuk kuring mah salah tapsir,
buktina ẻntẻ oge ngajawabna ditapsir ku anu salah..!”
“ Tapsir nu mana nu salah, yeuh
tapsirna ogẻ dibawa ku kuring. Tah, jelas ngarana Tapsir Jalalẻn meunang nyieun
ulama juhud...!”
Leos indit bari nyarita.....
“ Mangkana ari masantrẻn teh ka jucung
sangkan teu salah tapsir...!”
“ ???????...”
Tidak ada komentar:
Posting Komentar