Rabu, 02 Oktober 2013

ISTILAH WAKTU DINA SAPOE SAPEUTING

Dina sapoe sapeuting, di jaman modern ayeuna, mun nangtukeun waktu téh biasana mah osok make jam. Sedengkeun baheula mah nangtukeun waktu téh ku istilah. Jadi henteu ku waktu dina jam misalna jam hiji, atawa jam dua. Istilah-istilah ieu dipakéna téh dipatalikeun atawa dikait-kaitkeun jeung kaayaan panon poe, naha cahyana atawa tempatna.

Istilah-istilah anu remen dipake pikeun nuduhkeun atawa nangtukeun waktu téh diantarana waé nyaéta:
1.    Janari Leutik, nuduhkeun waktu kira-kira jam 02.00 – 03.00.
2.    Janari Gedé, nuduhkeun waktu kira-kira jam 03.00 – 04.00.
3.    Kongkorongok Hayam, nuduhkeun kana waktu disaradana hayam jago, biasana mah nuduhkeun kira-kira jam 04.00.
4.    Balébat, nuduhkeun waktu dina kaayaan cahya panon poé geus aya di belah wétan. Kira-kira jam 05.00.
5.    Carangcang Tihang, nuduhkeun waktu panon poé geus mucunghul ngan masih keneh remeng-remeng cahyana. Kira-kira jam 05.30.
6.    Haneut Moyan, nuduhkeun waktu cahya panon poe rada-rada haneut, ngeunah mun dipake moyan. Kira-kira jam 07.00 – 08.00.
7.    Rumangsang, nuduhkeun waktu mun panon poé geus karasa panasna. Kora-kira jam 09.00
8.    Pecat Sawed, nuduhkeun waktu lamun sapi atawa munding anu dipake ngawuluku di sawah geus dilaanan (dipecat atawa diudaran) sawedna. Kira-kira jam 10.00.
9.    Tengah Poé/Manceran/Mentrangan, nuduhkeun waktu panon poé keur aya di luhureun sirah, kalangkang ngahijieung suku. Kira-kira jam 12.00.
10.  Lingsir Ngulon, nuduhkeun waktu panon poé geus doyong atawa geus ngagésér ka lebah kulon. Kira-kira jam 13.00
11.  Panonpoé Satangtung, nuduhkeun waktu lamun kalangkang jalma geus sarua jeung jangkungna si eta jalma. Kira-kira jam 15.00.
12.  Tunggang Gunung, waktu panon poé geus aya di luhureun gunung. Kira-kira jam 16.00
13.  Sariak Layung, waktu anu nuduhkeun geus usumna hibar layung di belah kulon. Kira-kira jam 17.00.
14.  Sareupna, nuduhkeun waktu surupna panon poé. Mimitina parobahan beurang jadi peuting. Kira-kira atawa biasana mah jam 18.00.
15.  Harieum Beungeut, nuduhkeun waktu mun cahya panon poe geus ampir beak nepikeun ka beungeut oge rada susah ditempona. Kira-kira jam 19.00.
16.  Sareureuh Budak, nuduhkeun waktu dina eta waktu teh barudah mimiti sarare. Kira-kira jam 18.00.
17.  Sareureuh Kolot, nuduhkeun waktu yen dina waktu eta teh mimitna kolot sarare. Kira-kira jam 21.00 – 22.00.
18.  Tengah Peuting, nuduhkeun waktu kaayaan peuting anu sepi jempling rehe comrek. Biasana mah jam 00.00 (jam 12 peuting).
1          19.  Sakilat, Nuduhkeun waktu anu kacida gancangna lir ibarat cahya kilat.
20.  Sakolépat, ampir sarua jeung sakilat. Nuduhkeun ka jalma atawa mangkeluk anu gancang pisan lumpatna atawa ilangna, teu katohyan ka mana-manana.
21.  Sajorélat, sarua jeung sakolepat.
22.  Sakiceup, dipaké nuduhkeun waktu anu sakeudeung pisan, sakumaha jelema anu ngiceup.
23.  Sakedét Nétra, sarua jeung sakiceup.
24.  Sakeudeung, nuduhkeun waktu anu teu lila.
25.  Sajongjongan, nuduhkeun waktu anu teu pati lila.
26.  Sapanyeupahan, nuduhkeun waktu anu lilana salila nyeupah.
27.  Sapangéjoan, nuduhkeun waktu anu lilana salila nyagu atawa ngéjo.
28.  Sapoé, nuduhkeun waktu anu lilana bisa 12 jam (beurang wungkul) atawa 24 jam (beurang peuting).
29.  Sapeuting Jeput, nuduhkeun waktu anu lilana sapeuting parat.
30.  Sapoé Jeput, nuduhkeun waktu anu lilana sarua jeung saputing jeput, ngan nuduhkeun waktu keur beurang.
31.  Sapoé sapeuting, nuduhkeun waktu 24 jam.
32.  Saminggu, nuduhkeun waktu 7 poé.
33.  Sabulan, nuduhkeun waktu 29 atawa 30 poé (kumaha itung-itungan bulan saperti kalénder).
34.  Matang puluh, nuduhkeun waktu anu lilana 40 poé. Biasana dipake pikeun nuduhkeun waktu hajat 40 poéna anu paéh.
35.  Natus, nuduhkeun waktu saratus poé. Dipake pikeun hajat 100 poé anu jalma paéh.
36.  Nujuh Bulanan, nuduhkeun umur kandungan anu nincak 7 bulan.
37.  Sataun, nuduhkeun lilana waktu 12 bulan.
38.  Sataun Landung, nuduhkeun waktu anu lilana sataun campleng (terus-terusan teu pegat-pegat).
39.  Sawindu, nuduhkeun waktu 8 taun

40.  Saabad, nuduhkeun waktu saratus taun.