Minggu, 19 Mei 2013

NYANYI


Ku Cep Alex Ramadarris

Tos kauninga ku urang sadaya wireh anu namina guru kedah janten panutan pikeun murid-muridna. Pon kitu deui dilingkungan masarakat sok aya babasan ceunah ari guru teh “ digugu jeung ditiru”. Sagala tingkah paripolah jeung basa sok dijadikeun eunteung ku masarakat babakuna masarakat anu ngagaduhan murangkalih alit nu sarakola keneh.

Hiji mangsa kacarioskeun aya ibu guru ngawulangna di SD paporit dilemburna. Anjeuna ngagaduhan putra istri yuswana 4 taunan namina neng Bintang, murangkalihna geulis sapertos ibuna jeung lucu sapertos apana ( apana seniman calung ). Ma’lum budak alit nu nembe diajar nyarios jeung kosa kata, neng Bintang teh pami nyarios basana sok kasar. Diantawisna pami teu kiat hoyong kahampangan teh nyebatna sok …” Mamah, hoyong ki’ih..!”. nu namina budak alit can ideng sok teu mandang dimana jeung nuju kumaha, kadang kawis  mamahna sok kaisinan pami diajak kasakola teras dikantor atanapi dikelas neng bintang sok nyebatkeun  “ki’ih” teh.
Mangkaning mamahna teh kasebatna mah Guru Teladan Tingkat Kabupaten. Ma’enya ari mamahna guru teladan nu pinter dina ngajar ngaping ngadidik muridna disakola ku sagala etika sopan santun, ari ka putrana teu tiasa ngadidik ngajar basa anu sae.

Hiji wengi bari mepende neng Bintang ( samemeh mepende bapana ), neng bintang dicariosan ulah deui-deui nyebat ki’ih upami hoyong kahampangan. Anjeuna ngemutan kecap naon nu kinten-kinten sae tur cocok pikeun basa budak leutik.
“ Neng…engke mah pami hoyong kahampangan teh ulah nyebat ki’ih nyaa….eta teh awon…!”
“ Atuh nyebatna naon nya mamah…da eneng mah teu telang…!”
“ Kieu wae, nyebatna….mamah hoyong pipis !!”
“ Ih…pipis nu eneng sok meser ka bi onah dicakola..!!”
Ngahuleng deui mamahna milari istilah basa nu teu matak salah tafsir kanggo putrana.
“ Ooh…ieu wae atuh…mamah hoyong nyanyi…!!”
“ Muhun atuh….eneng na tunduh hoyong bobo’..!”

Ahirna unggal karasa, neng Bintang teh nyebatna “ nyanyi”. Tisaprak harita mah bu guru teh teu kaisinan teung pami nyandak neng Bintang kasakola atanapi nuju kamana-mana teh.
Hiji mangsa mamahna teh kenging pancen ti sakola kedah ngiringan diklat guru teladan salami tilu dinten di Bandung, neng Bintang dititipkeun ka aki jeung ninina nu geus karolot jeung karurang denge. Salila di aki ninina, neng Bintang anteng tara nangis atawa rewel  hoyong ka mamahna.

Hiji peuting kana jam hijian neng Bintang teh lilir tuluy ngagugubrag akina nu keur ngaguher kerek.
“ Aki…aki…ugah eneng hoyong nyanyi !!!”
Kulisik akina hudang bari lulungu….
“ Enjing wae atuh geulis…ayeuna mah tengah wengi, akina oge tunduh…”
“ Alim..!! hoyong ayeuna…eneng na teu kiaaat…!!!”
“ Nya sok atuh…ulah diluar da poek, didieu wae nyanyina harewoskeun wae kana cepil aki nya…!!”
…………………………………………….
Nu maos emut keneh yen “ nyanyi “ teh = “ ki’ih”…???
…………………………………………….
Tuluy neng Bintang nangtung morosotkeun lancingana, gek manehna cinggogo luhureun ceuli akina nu geus ngaguher deui……………..wrrrrrrrrrr…cwswss………..kana cepil aki……
Wassalam…………….



Aya kacipta……….
Upami “ngising”digentos “nyium”……….
Teu kabayang ……….
dina pipi,rambetex...

MISSING KOLOR


Bari imut kanjut ku : Cep Alex Ramadarris

Kacaritakeun dihiji kampung bau lisung aya hiji kajadian aneh numana unggal peuting jumaah sok aya masarakat nu kaleungitan kolor. Diitung itung dina sabulan ieu wae geus 57 kolor leungit teu puguh laratana jeung teu kanyahoan saha-saha jalma anu sok malingna.
Ahirna tisaprak laleungiteun kolor, kaum lalaki mun solat ditajug make sarung teh tara dikoloran jerona. Hiji mangsa para sesepuh jeung para kiai dikampung urun rembug nyawalakeun kumaha carana supaya kolor-kolor nu masarakat teu laleungit teuing.
Diantara hasil kamupakatan “ Gerakan Preventif Kolor Leungit” teh diantarana :

1.       Diayakeun ronda unggal peuting
2.       Kaum lalaki ulah meuli deui kolor anyar
3.       Lamun moekeun kolor kudu ditungguan nepi ka garingna
4.       Lamun sare jeung pamajikan cukup make sarung ulah make kolor
5.       Lamun kapaksa make kolor nalikeuna kudu pageuh
6.       Ka ibu-ibu ulah sagawayah/ gurunggusuh dina morosotkeun kolor bapana
7.       Diayakeun dikir akbar ngadunga ka anu Maha Kawasa tiap-tiap malam jumat

Alhamdulillah saenggeusna nu 6 poin kamupakatan dilaksanakeun, nu laleungiteun kolor teh  ngurangan. Tapi hiji peuting malam kemis, aya laporan ti masarakat yen aya nu leungit kolor deui. Tuluy wae para kiai teh ngumpulkeun kaum lalaki  di tajug pikeun ngalaksanakeun poin ka 7 nyaeta dikir akbar . Ari tajugna ma’lum dikampung, ngan saukur tajug panggung luhureun lunjuk teu diamparan samak-samak acan ngan saukur make talupuh.
Dipingpin ku mama kiai, dikir teh lila nepi kana tilu jam na. masarakat nu ilu dikir eta katingali semangat. Ngan aya hiji jalma nu dikirna bari tungkul tur rambisak cimataan, meureun saking ku husuna dikir nepi ka ceurik sagala.
Sarengse dikir, kabeh jalma nu sila di tajug teh carengkat rek arindit, ngan eta jalma nu ceurik tadi masih ngadekul sila bari angger rambisak bari cengar-cengir semu aya kanyeri.
Ditanya eta jalma teh ku baturna …….
“ Ente mah meni husu jeung wekel dikir teh,baturmah geus baralik ieu mah andekak keneh…!”. Tuluy eta jalma teh ngajawab bari nyengir…..
“ Gandeng sia…rambisak jeung diuk  wae teh lain sedih jeung husu…. k*nj#t aing kacepet talupuh goblog…!!!
Paingan titadi diukna teu usik-usik, mmmhh…..kacipta…….wassalam !



Ka anu maos ieu carios
Seurina teu kenging ngahkay
Cekap imut…..imutna…
Imut kanjut….

Jumat, 17 Mei 2013

SALAH TAFSIR


“ Saya teu ngeunah ku jama’ah anu protẻs yen naon nu ditablẻg keun ku kuring di tajug tẻh matak nyinggung ka masarakat, ceunah...!”
“ Nya ẻntẻna ngomong nyampẻkeun naon kitu..?”
“ Ah, teu beurat ngan saukur nyampẻkeun masalah kaihlasan dina urusan dunya..!”
“ Oh, ẻtamah salah tapsir meureun...!”
“ Ih, nya salah jama’ah nu protẻs atuh. Tapsirmah moal salah,lantaran ẻtamah tina Qur’an..!”
“ Teu ah, ceuk kuring mah salah tapsir, buktina ẻntẻ oge ngajawabna ditapsir ku anu salah..!”
“ Tapsir nu mana nu salah, yeuh tapsirna ogẻ dibawa ku kuring. Tah, jelas ngarana Tapsir Jalalẻn meunang nyieun ulama juhud...!”
Leos indit bari nyarita.....
“ Mangkana ari masantrẻn teh ka jucung sangkan teu salah tapsir...!”
“ ???????...”