Minggu, 01 April 2012

NYANYI


Tos kauninga ku urang sadaya wireh anu namina guru kedah janten panutan pikeun murid-muridna. Pon kitu deui dilingkungan masarakat sok aya babasan ceunah ari guru teh “ digugu jeung ditiru”. Sagala tingkah paripolah jeung basa sok dijadikeun eunteung ku masarakat babakuna masarakat anu ngagaduhan murangkalih alit nu sarakola keneh.

Hiji mangsa kacarioskeun aya ibu guru ngawulangna di SD paporit dilemburna. Anjeuna ngagaduhan putra istri yuswana 4 taunan namina neng Bintang, murangkalihna geulis sapertos ibuna jeung lucu sapertos apana ( apana seniman calung ). Ma’lum budak alit nu nembe diajar nyarios jeung kosa kata, neng Bintang teh pami nyarios basana sok kasar. Diantawisna pami teu kiat hoyong kahampangan teh nyebatna sok …” Mamah, hoyong ki’ih..!”. nu namina budak alit can ideng sok teu mandang dimana jeung nuju kumaha, kadang kawis  mamahna sok kaisinan pami diajak kasakola teras dikantor atanapi dikelas neng bintang sok nyebatkeun  “ki’ih” teh.
Mangkaning mamahna teh kasebatna mah Guru Teladan Tingkat Kabupaten. Ma’enya ari mamahna guru teladan nu pinter dina ngajar ngaping ngadidik muridna disakola ku sagala etika sopan santun, ari ka putrana teu tiasa ngadidik ngajar basa anu sae.

Hiji wengi bari mepende neng Bintang ( samemeh mepende bapana ), neng bintang dicariosan ulah deui-deui nyebat ki’ih upami hoyong kahampangan. Anjeuna ngemutan kecap naon nu kinten-kinten sae tur cocok pikeun basa budak leutik.
“ Neng…engke mah pami hoyong kahampangan teh ulah nyebat ki’ih nyaa….eta teh awon…!”
“ Atuh nyebatna naon nya mamah…da eneng mah teu telang…!”
“ Kieu wae, nyebatna….mamah hoyong pipis !!”
“ Ih…pipis nu eneng sok meser ka bi onah dicakola..!!”
Ngahuleng deui mamahna milari istilah basa nu teu matak salah tafsir kanggo putrana.
“ Ooh…ieu wae atuh…mamah hoyong nyanyi…!!”
“ Muhun atuh….eneng na tunduh hoyong bobo’..!”

Ahirna unggal karasa, neng Bintang teh nyebatna “ nyanyi”. Tisaprak harita mah bu guru teh teu kaisinan teung pami nyandak neng Bintang kasakola atanapi nuju kamana-mana teh.
Hiji mangsa mamahna teh kenging pancen ti sakola kedah ngiringan diklat guru teladan salami tilu dinten di Bandung, neng Bintang dititipkeun ka aki jeung ninina nu geus karolot jeung karurang denge. Salila di aki ninina, neng Bintang anteng tara nangis atawa rewel  hoyong ka mamahna.

Hiji peuting kana jam hijian neng Bintang teh lilir tuluy ngagugubrag akina nu keur ngaguher kerek.
“ Aki…aki…ugah eneng hoyong nyanyi !!!”
Kulisik akina hudang bari lulungu….
“ Enjing wae atuh geulis…ayeuna mah tengah wengi, akina oge tunduh…”
“ Alim..!! hoyong ayeuna…eneng na teu kiaaat…!!!”
“ Nya sok atuh…ulah diluar da poek, didieu wae nyanyina harewoskeun wae kana cepil aki nya…!!”
…………………………………………….
Nu maos emut keneh yen “ nyanyi “ teh = “ ki’ih”…???
…………………………………………….
Tuluy neng Bintang nangtung morosotkeun lancingana, gek manehna cinggogo luhureun ceuli akina nu geus ngaguher deui……………..wrrrrrrrrrr…cwswss………..kana cepil aki……
Wassalam…………….



Aya kacipta……….
Upami “ngising”digentos “nyium”……….
Teu kabayang ………dina pipi,rambetex...