Bari nundutan
ku : Cѐp Alex Ramadarris
Kacaturkeun
disakolana, Pa imin nyangking tugas ti
Pa Mantri pikeun miluan Work Shop Tingkat Nasional ngeunaan “ Program Unggulan Sekolah Terpencil “.
Kalayan dibekelan ongkos
keur samangkateun jeung mawa lѐptop mérk “ KASUS” paméré ti pamaréntah anyar
kamari. Sapoé saméméhna, Pa Imin diwejangan ku Pa Mantri nu meupeujeuhkeun ka
manéhna sangkan dina waktuna pikeun “ Brainstroming”
Program Multidiménsi SMPN Cilingkrik 4. Tilu jam lilana Pa Imin “dibekelan”
program ku Pa Mantri nepi ka tépos bujurna da diuk waé ngabandungan.
Isukana sarѐngsѐ pamit
ka indung budak diimah, Pa imin mangkat ka Jakarta naѐk mobil trѐpel. Sadatangna
ka tempat nu dituju, Pa Imin ngajenghok lantaran tempatna tѐh di hotѐl bѐntang
opat nu saumur-umur manehna can pernah asup komo deui ngadon narѐ mah da moal
kabualeun. Kusabab tingkat nasional jeung di hotel mewah, Pa Imin rada jaga
imѐj teu ngacirikeun datang ti
pakampungan. Gubrag manѐhna nunda babawaan tuluy diuk dina korsi lobby hotѐl.
“ Mmh…meni empuk kieu,
teu jiga nu disakola teuas jeung geus rarawing”. Gerentes hatѐna bari
tungguk-tenggak ningalian lampu mѐwah nu ngagantung.
“..Maaf pak, bapak
peserta workshop, sudah chek in belum pak…? Tanya awѐwѐ meni geulis, sihorѐng
pagawѐ di hotѐl.
“ Oh…chek in..?? belum
mbak,” jawab Pa Imin semu kagѐt.
Sarѐngsѐna ngabѐrѐskeun
“prosedur” asup ka hotel mѐwah, Pa
Imin dianteur ku pagawѐ hotel ka kamerna.
“ Nah ini kamar nomor 121 buat bapak dan ini kuncinya, selamat
beristirahat pak…!” ceuk pagawe hotel bari imut tuluy kaluar ti kamer.
Sakumaha nu geus
dijadwalkeun, jam 8 peuting acara dibuka
ku Mentri Pangatikan Nasional Republik Indonesiah Bapa Prof.Dr. Duyeh
Élѐkѐsѐkѐng.
Dina sambutana, Pa
Mentri ngajangjikeun yen sing saha sakola nu boga program pang alusna, mangka
ѐta sakola bakal dibѐrѐ bantuan lѐptop nu lobana 100 unit.
Ngadéngé kitu Pa Imin
yakin yén Program Multidiménsi na bakal kapilih jadi program pang alusna. Geus
kacipta ku manéhna lamun sakola meunang leptop 100 siki, kabéh guru jeung TU
bisa kabagi 4 séwang, jadi kualitasna bisa ngaleuwihan guru propesional anu
geus sertipikasi. Oge sakola bisa leuwih unggul jeung munjul tibatan sakola nu
geus SSN atawa SBI.
Isukana kacaritakeun
waktuna “Pemaparan Program Unggulan”, Pa
Imin dina jadwal kabagian tampil
nomer urut 10. Saréngsé nomer urut 8 lekasan maparkeun programna, terus
dituluykeun ku nomer urut 9. Bari nundutan Pa Imin ngabandungan kabeh program
ti unggal sakola sa-indonesiah, pikirna…
“ …Euweuh teuing nu
bermutu program-program téh…terlalu pasaran, deuleukeun engké nu kuring…!”
gerentes haténa agul.
Barang keur ngalenggut
nundutan, kadéngé nu keur maparkeun dihareup teh nyebutkeun istilah “Program
Multidiménsi” , koréjat Pa Imin hudang tuluy molotot kahareup bari ngagerentes…
“ Haruh…geuning sarua,
sakola mana étah..? Pak, yang didepan dari sekolah mana ya…?” Tanyana ka nu
gigireun. Dijawab ku éta jalma,
“ Oh..itu dari SMPN 4
Darma pak, sekolah itu tahun kemarin juga programnya selalu jadi yang terbaik
Pak, padahal sekolahnya berada ditempat terpencil…!”
Kesewel Pa Imin muka tas
tuluy ngaluarkeun leptop mukaan program nu dibawana, sihoréng kabeh program nu
di pedar ku jalma dihareup téh sarua pisan jeung nu rék dipaparkeun ku
manéhna,ngahuleng saharitamah Pa Imin mikiran rék maparkeun naon mun kabagian
kahareup, mangkaning hareupeun mentri jigana bisa dianggap plagiator jeung bisa
gugur.
Barang keur ngahuleng,
kadenge pengumuman yén pikeun nomer urut 10 kaditu bakal dituluykeun deui
isukan sabab mentri harita teu bisa lila da aya tilpun ti persidén kudu geura
ngadep aya badamikeuneun ngeunaan gas nu mindeng ting beledug.
Peutingna saba’da salat isa, Pa Imin ngahuleng bari
nangkarak dina ranjang, uteukna muter mikiran program sakola nu kudu
dipaparkeun isukan. Mangkaning ti sakola pa Mantri geus gedé haté program
Multidiménsina bakal unggul, ari rék dipaparkeun da ngérakeun geus aya kamari
ku sakola batur, ari henteu kudu kumaha, saharitamah Pa Imin teu puguh cabak
teu puguh tekem.
Jam geus nunjuk kana
angka 11 peuting, Pa Imin masih kénéh bingung mikiran program jang isukan.
“ Haruuh…lieur geuning,
ari disakolamah uteuk téh kalah jejel ku ide-ide program, naha datang kadieu
kalah jadi butek…! Gerentes haténa bari muka leptop.
Iseng-iseng Pa Imin
mukaan poto-poto kagiatan guru dina acara dines jeung poto iseng ari keur ruang
riung. Barang nempo hiji poto, manéhna curinghak bari seuri….( luhureun sirahna aya bohlam ca’ang / aya ideu…)
“ Naah…ini dia
solusinya..!!” ceuk manéhna sumringah bari tuluy nyokot pulpén jeung keretas.
Saenggeus curat-corét,
derekdek manéhna ngetik bari sakapeung nenggak kaluhur jiga néangan ideu ….( duka néangan cakcak…piraku dihotél méwah aya
cakcak ).
Teu karasa sora adan
subuh kadéngé raéng di unggal tajug sabudeureun hotél, Pa Imin masih kénéh
ngadekul ngahareupan leptop.
“ Yes…réngsé ogé program
téh…!!” ceuk Pa Imin bari kuliat.
Kacaturkeun beurangna
Bapa Mentri Duyeh tos linggih bari uplek ngawangkong jeung pajabat nu lainna,
acara dikawitan.
“ Kami persilahkan nomer
urut 10 dari SMPN Cilingkrik 4 untuk memaparkan program unggulannya..!” ceuk
panata acara
Tuluy Pa Imin nangtung
ngincig kahareup méré hormat ka mentri terus diuk dina korsi nu aya dina
panggung . Saréngsé bubuka cumarita, Pa Imin muka programna make power point
dina léptop.
“….. Inilah ide kami, awal tercetusnya program unggulan
ini..!” ceuk Pa Imin bari nunjuk kana layar nu ngembréhkeun poto guru-guru keur
ngariung sarila tutug ngahareupan liwet,peda, lalab sambel jeung kurupuk.
“…Program ini bertujuan mulia, mencerdaskan kehidupan bangsa
melalui perbaikan gizi guru untuk meningkatkan mutu pendidik melalui Program
yang kami beri nama……..
” Program Liwet Peda
Buntung………!!!”
Saharitamah euweuh jalma
nu teu molohok, kabeh marolongo jiga nu dongo. Tapi Pa Imin teu épés mé’ér
ningali respon saperti kitu. Paralak manehna ngajelaskeun maksud jeung tujuan
tina program éta, diantarana nyaéta :
1.
Saupama guru sering ngadahar
sangu liwet bakal nambah énérgi pikeun semangat dina ngajarna;
2.
Saupama guru sering ngadahar peda buntung bakal
nambah cerdas IQ na pikeun ningkatkeun kualitas ngajarna;
3.
Saupama guru sering
ngadahar lalab jeung sambel bakal ngalancarkeun jalan darah jeung sarap
sangkan tahan cicing dikelas sanajan sapopoé ogé;
4.
Saupama guru sering ngadahar
kurupuk jeung liwet bakal gampang tur hampang dina ngalaksanakeun tugas jeung
kawajibana;
Sarengsena kabéh
dijelaskeun poin per poin ngeunaan “ Program Liwet Peda Buntung “, teu disangka
sambutan ti sakabéh nu aya di éta tempat meni luar biasa. Babakuna Bapa Mentri
meni éprak bari seuseurian jeung ngacungkeun jempol duanana.
Ahirna, niti wanci nu
mustari…nincak mangsa nu sampurna…acara nu di anti-anti nyaéta pangumuman “
Program Terbaik” dikawitan.
Ketua Panitia
ngumumkeun……
“ …..Program sekolah terbaik pertama diraih oleh……..Multidimensi SMP Negeri 4 Darma..!!!”
Serenteng aya nu
kahareup narima hadiah pocer meuli leptop 100 unit nu kudu dicokot langsung
isukan di toko elektronik di Rusia.
“ …..Program sekolah terbaik kedua diraih oleh…..Liwet Peda Buntung SMPN Cilingkrik 4..!!!”
Serenteng Pa Imin
kahareup narima amplop nu ditulisan “ Dari
Mentiknas, hadiah dikirim langsung ke sekolah”
………………………………
Kacaturkeun Pa Imin geus
aya deui disakola diriung ku guru-guru jeung stap nu hayang nyaho caritana
meuting di hotél méwah. Barang keur raramé ngadarongeng, katingali dijalan aya
jalma kaluar tina mobil box nyampeur kasakola bari mawa map.
“ Ini dengan SMPN
Cilingkrik 4..??” tanyana
“ Betul…dari mana ya…??
Jawab Pa Mantri
“ Kami dari Deptiknas
hendak menyerahkan kiriman paket, ini suratnya..!”
“ Oooh…Pa Imin itu
hadiah nu kamari meni samobil kitu…satu mobil semua ???
“ Betul pak..satu box
mobil..! terima kasih kami permisi” jawab éta jalma
Puluhan dus numpuk dihareupeun
sakola.
“ Bapa-bapa, ibu –ibu
tah ieu téh sadayana leptop nu dijangjikeun ku Mentri…!” ceuk Pa Imin meni
reu’eus.
“….Horéééé….!!!!”
guru-guru ajret-ajretan barungaheun.
“ Cik tingali dibuka
hiji, mérk naon ceunah…KASUS ta NGACER…? Titah pa mantri ka sahiji guru sangkan
muka sa dus.
Tacan ogé dibuka ,
celengkeung kadéngé titukang aya nu nyarita,
“ Wah…salametana
ngaliwet deui yeuh, bau pedanamah tos kaangseuh…!”
“ Saha nu ngaliwet
pa…ahir bulan kieu mah dana talangana sok hésé..!!” ceuk bu Icih judes
“ Atuh ari bau peda meni
melenghir kieu timana…???”
Kabeh jalma nu aya
dikantor pating lalieuk néangan sumberna éta
bau peda.
“ Sakedap pa….!” ceuk
guru nu rék muka dus “leptop”
Barang bray kardus
dibuka……….rep kabéh curuk jalma nu aya didinya dipaké nutupan irung.
Sihoréng bau peda nu
melenghir minuhan ruangan eta téh …...nya éta…… tina hadiah….kardus jerona peda
wungkul……mangkaning puluhan kardus.
“ Dia aos seratna pa..!”
ceuk guru bari ngirung mikeun surat ka Pa Mantri
“ Mana kadieu urang
baca..!”
“….Semoga program anda dapat terbantu dengan kiriman kami dan dapat
berguna untuk dimanfaatkan selama lima tahun, terima kasih….Mentiknas….”
Gubrag Pa Mantri
kapiuhan, tuluy hudang deui da lilir ku bau peda téa….bari luak-lieuk
anjeuna ngagorowok….
“Pa Imiiiiiin……..!!
geuning Peda Buntung lain Leptooop…!!!!!”
Duka teuing kamana
jalmanamah, sihoréng Pa Imin teu bébéja ka Pa Mantri yén...
Program Multidimensina diganti ku “Program Liwet Peda Buntung”….!!!